Wilujeung tepang Kang Ahmad...,
Tah geuning Kang Ahmad meuni ngagorolong kitu masihan bongbolongan ka Abdi ngeunaan zakat maal sareng zakat profesi ieu. Hatur nuhun Kang....
Numawi, Abdi ngahaja naroskeun ieu pasoalan ka babakan kusnet, margi Abdi mah percanten di ieu lembur seueur jalmi-jalmi nu pinter boh masalah elmu agama atanapi elmu pangaweruh nu sanesna. Buktosna we geuningan aya Kang Ahmad nu sakitu langkung mafhum na tibatan Abdi.
Sarengna deui salah sawios motivasi Abdi ngiringan ulubiung di babakan kusnet teh kajabi hoyong maheutkeun tali silaturahmi sareng baraya urang sunda sadaya oge hoyong nambihan pangaweruh (atanapi wawasan) kujalan mulungan elmu Akang-Teteh baraya kusnet sadaya. Mudah-mudahan we aya sasieureun sabeunyeureun nu mangpaat pikeun diri Abdi hususna. Rumaos Abdi mah masih kirang pangalaman, masih tebih kana legok tapak genteng kadek mah....
Rupina mung sakitu. Mangga bilih aya nu bade mairan deui ngeunaan zakat maal sareng zakat profesi, diantos pisan....!!
*** Dupi harga beas sakilo sabaraha nya....??!!Rp 1.500.000/750 kg = Rp 2.000/kg....aya 2000 rupiah sakilo kitu...??!!Punten namina oge 'budak kos' teu terang harga beas oge heuheuheu....
Baktos,
OTA
| "ahmad syahidin"
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 04/25/2006 03:08 PM
|
|
kang Ono, saena mah ieu patarosan teh ditujukeun kanu ahlina.
tapi mamanawian sim kuring tiasa ngawaler ieu patarosan. da sim kuring kapungkur kantos kuliah di fakultas syari'ah LIPIA punten sanes agul.
ngenaan zakat profesi ieu aya dua pamadegan
ka hiji aya sababaraha ulama anu boga pamadegan yen zakat profesi teh teu wajib. dumasar teu aya hadits atanapi ayat na anu sacara jenteri nguningakeun wajibnya.
padahal dina zaman Rasulallah pasti aya shahabat anu boga profesi atanapi pagawean (buruh)
tapi teu kakocapkeun Rasulallah ngawajibkeun zakat profesi sarta teu aya ukurannana
ka dua aya ulama anu boga pamadegan wajib. tiantara ulama ayeuna anu ngawajibkeun seperti DR. Yusuf Qordlowi
anjena gaduh alesan tina ayat-ayat anu umum nyaeta ladafz anfiquu ma kasabtum
ieu ayat teh hartina "kaluarkeun ku maraneh infaqna tina naon anu diusahakeun"
ti antara ulama anu ngawajibkeun oge aya arenjena beda faham ngenaan waktu jeung jumlah zakatna.
tiantarana aya anu ngiaskeun zakat profesi kana zakat pertanian. maka nishabna saperti zakat pertanian nyaeta kurang lewih 750 kilo gram beras. lamun diduitkeun mah kra-kira 1.500.000 rupiah. maka sing saha anu boga gajih 1.500.000 wajib pikeun manehna zakat profesi
tapi aya oge ulamana anu ngiaskeun zakat profesi kana zakat harta. nishabna 85 gram emas. lamun diuitkeun kurang lewih 9 jutaan.
anu ngiaskeun kana zakat pertanian maka waktu ngaluarkeunna satiap gajihan saperti patani satiap panen
tapi anu ngiaskeun kana zakat harta waktu ngaluarkeunanan sataun sakali.
tapi sadayana sapakat yen zakat wajib ka sing saha anu teu boga hutang atawa saleuwih ti kabutuhan hirup.
jadi sing saha jalma anu boga gajih 1,5 juta atawa lewih ti eta tapi manehna boga cicilan motor, imah spp barudak listrik jeng sajaban maka teu wajib ngaluarkeunnan mun geus diitung-itung harta jadi kurang ti 1,5 juta.
cag ah sakitu manawi bahan katampi !!!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

