Ass. wr. wb.
Kahatur Bah Willy, punten nambihan deui sakedik, mung
punten upami aya nu rada benten + Bah Willy ieu mah
itung-itung pangeusi waktu. Upami aya nu sae eta
dongkapna ti Alloh SWT, upami salah tangtos eta
kasalahan kuring pribadi anu fakir tina elmu jeung
pangarti, ngan saukur bodo alewoh + aya kahoyong
ngiringan hibut di ieu millis.
Mugia Bah Willy tiasa nga'lum bilih aya kekecapan nu
teu merenah dina manah.
Upami Bah Willy bade ngawaler deui mangga nyanggakeun,
mung moal diwaler deui ku kuring, sieun kuring loba
teuing salahna heug wae nambahan dosa.

Wassalam
Jaka

> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bah Willy :
Sapagodos Bah Jaka, ngan "manusiawi"na teu kenging
jadi anarki.
Analogi Bah Jaka perkawis budak katabrak tea,
manusiawi umpama kolotna ambek. Tapi lamun anarki,
contona lamun nu nabrakna diteunggeulan, eta henteu
nganggeuskeun masalah.

Waleran sim kuring :
Sapagodos Bah Willy, kuring teu panuju ku cara-cara
anarki, malahan mungkin bakal nimbulkeun atanapi
nambahan masalah; diantawisna mungkina "rasa dendam".
Koncina kumaha supaya eta masalah teh teu kajadian?
Pamendak sim kuring pikeun ngurangan ayana kajian kitu
teh sing saha wae kedah sadar diri + nempatkeun diri
nu saluyu sareng kaayaan sorangan, diantawisna :
1. Nu "berwajib" kudu sadar diri dina negakkeun hukum
kedah saestuna, ulah pilih kasih, ulang nineung ka nu
hideung ulah ponteng kanu koneng.
2. Rahayat sakabeh salaku mahluk sosial, sakedahna
sadar diri, lain saukur taat hukum "tertulis" tapi
tiasa ngadangu kana pangeling/panggeuing warga
lingkungan, ulah mati rasa atawa totorekan + nyieun
bebener sorangan. Lamun rek nyieun lampah terus aya
pengeling/panggeuing atuh sakedahna dipalire, margi
pami dipaksakeun dipilampah bilih aya matakna. Ka anu
mere panggeuing/pengeling atuh sakedahna dilakukeun ku
cara-cara anu hade.

Bah Willy :
Kritik kuring ka Ustadz Jeffri, anjeunna masihan
conto, maksadna meureun bade ngangkat sisi
manusiawina, ngan contona teu tepat. Akibatna keur nu
nonton acara eta, aya presepsi UJ milarian
"pembenaran" kana kasus sweeping (tiasa ditingali
posting di sababarha millis nu ngritik conto ti UJ).
Untungna UJ akhirna nyebatkeun teu satuju kana
anarkismeu.

Waleran sim kuring :
Tiasa janten persepsi nu nongton kitu, benten-benten;
persis oge ragamna tanggapan jalma-jalma nu
dicontokeun ku UJ. Anu jadi patarosan sim kuring mah,
Bah kieu, ku jalan kumaha/naon urang ngelingan jalma
anu mantagul (mati rasa) sapertos anu dicontokeun ku
UJ (nyetel radio tarik pisan) atanapi nu dicontokeun
ku sim kuring (nu naek motor di pilemburan nu bisa
nyilakakeun batur). Ku cara hade parantos dilakukeun
sababaraha kali, dilaporkeun kanu berwajib parantos
tapi teu aya hasil atanapi tindakan. Rek ku cara
anarki da puguh cara eta teh salah. Pami hiji jalma
teu bisa dielingan ku cara naon bae, jigana sanajan
salah + teu bisa dibenerkeun mungkin cara anarki bakal
kajadian lantaran aya sababna, nyaeta ku cara-cara nu
bener teu hasil tungtungna jalan pintas ngagunakan
cara nu salah oge.
Pang saena mah jelas kedah leukeun ku cara hade +
sabar.

Bah Willy  :
Leupas tina pro kontra PLayboy, tapi aya sisi nu
kudu dihargaan ti pengelola Playboy Indonesia.
Maranehna wani dialog, nempokeun beungeut, teu
"maledog" tapi terus "nyumput".

Waleran sim kuring :
Sisi saena leres kitu Bah, sami sareng komunitas nu
sok ngalakukeun anarki oge teu nyarumput (diantawisna
FPI + MMI). Fauzan Al Ansyori ti MMI.
Sisi awonna para pengelola Playboy Indonesia, mungkin
tiasa kalebetkeun kana kategori nongtorekan, basa
kasarna mah meureun mati rasa atanapi kandel kulit
beungeut, margi teu malire protes atanapi kabeuratan
sabagian rahayat Indonesia.




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke