Leres ari kitu onaman kang Emod.... tapi ari dibaca ku nu saliwat tea mah matak awon kasebatna, cenah haji tapi ....
 
Ari perkawis gelar mah duka atuh kang Emod ..... abdi oge teu ngartos... sareng heunteu ngalereskeun heunteu ngalepatkeun
eta gelar. Perkawis eta mah disanggakeun ka jalmina, da Rasulullah oge tos sabaraha kali ngajalankeun Haji tapi heunteu
nelah H Muhammad. Tapi cenah aya nu hoyong ngangge sebatan haji supados ati-ati dina laku lampahna, sieun upami awon kalakuan
bakal aya  cariosan ...Maenya...atawa piraku... haji - haji .......  kitu kalakuan.......         
Upami kitu abdi satuju wae nggango sebatan haji.
 
Nu kuabdi dipermasalahkeun mah..... upami aya jalmi nyebat haji...tiasa dipastikeun eta teh nyandak simbol agama Islam
janten tong sagawayah .....  dianggo heureuy.... upami heureuyna tiasa ngajadikeun tafsiran nu awon berarti ngawonkeun
oge agama Islam. Piraku urang nu ngagem agama Islam rela agamana di gogoreng batur....
 
Cag ah
 
*eh*
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Emod Morales
Sent: Wednesday, April 26, 2006 1:22 PM
To: [email protected]
Subject: Balasan: [Urang Sunda] HEUREUY HAJI !

Apan ari nu geus ngajalankeun rukun nu ka 5 sok jadi Haji, tah eta Haji teh sok mungkus huluna ku kopeah bodas, atawa ku sorban. Salain te eta ge pan Haji teh kudu ngurus anakna, men enya anakna rek diurus kubatur ....!
 
Nu geus ngajalankeun rukun Islam nu ka 5 sok menang gelar H, Hj ( Haji ), Naha ari nu geus ngajalankeun rukun Islam nu ka 1, 2, 3, 4 henteu meunang gelar S, S, Z, P (Syahadat, Sholat, Zakat, Puasa ) Kunaha tah.....?
 
S.S.Z.P Emod Morales, ST ( Sarjana Teu anggeus )
 
H -na can kalaksanakeun...!

"Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Kade ah... tong kamalinaan heureuy nyanyandak gelar 'HAJI....'
Masing kumaha oge ... anger we mamawa simbol Agama Islam, sim kuring mah kurang srek.....
goreng - goreng oge anu namina haji teh atos ngajalankeun rukun Islam anu ka lima, rukun Islam
anu rada bangga ngajalankeunna... ari teu acan kana waktosna mah di sauran ku Allah SWT.
 
Cag, ah......
eh
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




IMPORTANT NOTICE:


The information in this email (and any attachments) is confidential.

If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information.

If you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" command

and permanently delete the original and any copies or printouts thereof.

Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or

other defect that might affect any computer system into which it is received and opened,

it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility

is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either

jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke