|
bade nambihan sakedik:
leres pisan umumna mah 'pencurian' teh kalebet
delik laporan anu teu tiasa dicabut perkarana tina proses hukum
sanajan si korban atos ngahampura kalakuan si
pelaku.
tapi aya oge 'pencurian' anu kalebetna delik aduan,
nyaeta pencurian anu dilakukeun ku keluarga si korban
anu istilahna 'pencurian dalam keluarga' (misalna
aya budak anu maok harta banda sepuhna nyalira). Tah nu kieu
mah lebetna teh delik aduan. Upami sepuhna teu
ngadukeun si budak ka polisi mah dianggap ngamaklum wae.
sakitu wae, punten pisan bahasana pabaliut ...
wassalam,
~ina
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 27, 2006 8:11
AM
Subject: [Urang Sunda] Re: Naon Sababna
Daging Babi Haram (->kang Sirit Uncuing)
--- In [email protected], joko
tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jadi nu arana maling nya
tetep maling jeung salah > sarta sakuduna dihukum. Tapi kulantaran
dihampura nya > hukumanna dibebaskeun. Sedengkeun catetan >
dosa/malingna mah tetep masih aya dina catetan henteu >
dihapus/dipupus.
Punten Bah Jaka, upami teu lepat mah maling teh sanes
delik pidana aduan. Maling sanajan dihampura kunu kapalingan, tetep kedah
lebet pangadilan/diproses sacara hukum. Ieu benten lamun delik aduan,
contona soal utang-piutang atanapi soal "penghinaan nama baik".
Pulisi/kajaksaan nembe tiasa mroses kasus utang-piutang/"pencermaran
nama baik", lamun jalmi nu ngarasa dirugikeun ngadu ka pulisi. Perkara
utang piutang/ "penghinaan nama baik" tiasa dieureunkeun ditengah jalan,
upami jalmi nu ngadu, nyabut perkara ieu. Tapi maling, ngaruksak/ngarampas
barang batur, nyiksa jelema, rajapati, korupsi jrrd lebet kana kajahatan
ngalawan nagara, proses hukum kedah diteraskeun. Nu tiasa "ngahampura"
kriminalitas model kieu ngan nagara, nu dina hal ieu Presiden (salah
sahijina grasi).
Baktos, WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|