Tiasa henteu nya ka payun kusnet oge ngayakeun "KUSNET AWARD" atawa Panghargaan Kusnet.
Panghargaan na henteu wungkul di widang seni-sastra, tapi oge widang-widang anu lian. Upamana widang IT jeung Tehnologi, widang Atikan, Lingkungan jeung nu sanesna. Tiap widang ieu tetep kedah aya patalina sareng sunda jeung kasundaan.
Upami aya opat atawa lima widang nu dipasihan panghargaan, kedah barahaeun waragadna nya. Teras timana eta waragad jol na?
Ah ieu mah keur ngalamun ieuh...
pun aki
nukeurngalamun
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Ieu mah ngan ukur "ngagoongan" wae.
Kamari (25/04) kuring pendak jeung Mang Ayip Rosidi di
KITLV, Jalan Prapanca Raya Jakarta, dina hiji acara
diskusi buku "Ekspresi Lokal Dalam Fenomena Global",
tina disertasina juragan Edwin Jurriens/34th (urang
walanda, anu nalungtik perkara budaya jeung basa Sunda
taun awal reformasi - ke didongengkeun rada panjang).
Waktos kuring naroskeun perkara seni jeung budaya
Sunda dina nyanghareupan globalisasi, mang Ayip jol
nyarios soal Rancage. Ceuk Mang Ayip teh ti jaman Orde
Baru nepi ka Ayeuna, Pamarentahan teu gaduh konsep
politik kabudayaan anu jelas, bisa katingali ti
departemen anu ngalola perkara kabudayaan,
Depdikbud/Depdiknas. Menteri anu boga konsep jelas
perkara kabudayaan jaman Daud Yusuf, tapi nya kitu,
pamingpin anu boga konsep biasana tara lila
jumenengna. Jaman Menteri mashuri aya panghargaan keur
para seniman/budayawan. Tapi teu mayeng ngan semet 4
taun. Ti harita, pamarentahan teu aya perhatian dina
soal kabudayaan.
-- diteukteuk k#5 --
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

