kang kunaon namina teh VCO (virgin CO)?
asa rada genit eta nami na teh,
bisi wae engke aya product tandingan WCO (widow CO).heu.heu...heu...
> Sumuhun ayeuna mah Abdi terang galendo teh naon heuheuheu....
> Punten nya Kang, rumaos kirang apal ngeunaan istilah-istilah
kasundaan,
> namina oge masih keneh budak bau jaringao, masih kirang pangalaman.
>
> Saleresna kieu baraya kusnet sadaya....
>
> Aya tilu komponen pangseueurna dina cisanten (atanapi cipatri),
nyaeta
> cai, asam lemak (lemak nabati), sareng asam amino (protein nabati).
Tah
> waktos ngadamel minyak kletik, cipatri dipanaskeun dugi ka tilu
komponen
> eta misah. Sabagean cai mah janten 'uap' (naon tah basa sundana
> 'uap'...?). Sedengkeun asam amino na 'ngagumpal' janten galendo
tea.
> Kantun asam lemak (sareng sakedik cai) nu saterasna katelah ku
urang
> minyak kletik.
>
> Pami ngadamel VCO mah, misahkeun tilu komponen eta kucara diaduk,
henteu
> dipanaskeun. Pami dipanaskeun oge mung saalit. Janten asam amino
misah ti
> asam lemak teh henteu 'ngagumpal'. Duka masih keneh disebat galendo
teu
> tah pami teu 'ngagumpal' kitu....??!
>
> Manawi mung sakitu sakaterang Abdi mah.
> Hatur nuhun.
>
>
> Baktos,
> OTA
>
>
>
>
> "soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent by: [email protected]
> 04/27/2006 11:14 AM
> Please respond to
> [email protected]
>
>
> To
> [email protected]
> cc
>
> Subject
> [Urang Sunda] GALENDO
>
>
>
>
>
>
> kang...
> di lembur kuringmah:
> galendo teh hasil sanes tina proses ngadamel lisah
> kalapa.(cipati anu dipanaskeun teh ngahasilkeun lisah
> kalapa + galendo)
> cipati -> lisah + galendo
>
> hampas mah kalapa parud anu tos diala cipatina.
> kalapa parud -> cipati + hampas
>
> salajengna hampas kalapa teh tiasa dijanten keun "sop
> gurame" atanapi surundeng/sagon
> hampas kalapa -> surundeng/sagon + "sop gurame"
>
> dina lebah "sop gurame"
> prosesna rada lami kang (6 sasihan), muhun urang kedah
> leukun maraban anak gurame ku hampas kalapa tah pami tos
> kinten kinten 6 sasih nembe eta sakadang gurame tiasa
> diala kuurang teras salajengna mangga teu langkung:
>
> bade di sop, di goreng, dipanggang, dileupaskeun deui oge
> tiasa ari karunyaan mah. he...he...he...
> asal ulah dibaledog keun ka kuring.
>
> cag!
> sonirosa
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

