|
Tiasa janten raos,
mangga cobian dicocolkeun kana daging hayam geura...
baktos,
pun emme
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 27, 2006 11:34
AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Nawarkeun /
Icalan VCO (Virgin Coconut Oil)
muhun teh emme leres pisan..galendo mah sanes ti nu hampas., upami
cipati bade di ala minyak na..nu ngagumpal na di sebat
galendo
upami hampas kalapa mah....mening kanggo parab lauk bae..da upami bade
di olah tos teu raos.....
Sakaterangmah upami
hampas kalapa diolah deui disebatna dage, galendo mah upami urang ngadamel
minyak keletik teras aya gumpalan (punten ku B. Indonesia) disebatna
galendo.
baktos,
pun
emme
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 27, 2006 10:57
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nawarkeun
/ Icalan VCO (Virgin Coconut Oil)
Galendo
teh nu didamelna tina hampas kalapa tea sanes...??!!Pami leres...,enya
kantenan we aya mah Kang Eko, apanan cisantenna diolah janten VCO, teras
hampas kalapana mah panginten didamel janten galendo. Di wewengkon
Kuningan naon nya namina teh, raraosan mah sanes galendo....
Teu keremieun (=karaos
atel dina anus lantaran cacing kremi) kitu nuang galendo....??!!
Baktos,
OTA
"Eko Ruska Nugraha"
<[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected]
04/27/2006 08:03 AM
|
|
To
| [email protected]
|
|
cc
|
|
|
Subject
| Re: [Urang Sunda] Nawarkeun /
Icalan VCO (Virgin Coconut Oil) |
|
Punten kang ono dupi VCO ieu aya galendoan henteunya....ari
kapungkur mah nu jenat nini upami ngadamel minyak letik teh sok aya
galendoan ? Raos galendo teh he...di rendos campur
sareng cengek teras digalokeun sareng sangu haneut he he...siga tutug
oncom.... @ERN
On
4/27/06, [EMAIL PROTECTED]
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
VCO atanapi
Virgin Coconut Oil teh sami sareng minyak kletik (=minyak lentik), naging
VCO mah tos teu ngagaduhan asam lemak-asam lemak rantai panjang jenuh nu
ngabahayakeun pikeun kasehatan. Sepuh urang kapungkur tos biasa ngadamel
minyak kletik ieu. Malihan mah di sababaraha wewengkon, tos janten home
industri. Mung hanjakal kumargi kualitas na masih kirang sae, diantawisna
ngeunaan kandungan eta asam lemak diluhur, minyak kletik rega na masih
mirah tur pasarna masih sakedik. Tah, ku ayana perkembangan teknologi
proses, asam lemak-asam lemak nu ngabahayakeun pikeun kasehatan eta tiasa
dipisahkeun tina minyak kletik janten we minyak kletik teh ngagaduhan
nilai tambah. Namina oge janten robah nyaetan VCO tea.
Kanggo
Kang Runa oge Kang Nanang, pami skala produksi VCO na tos ageung sareng
kontinyus mah, saena eta VCO diekspor ka luar nagreg. Rega na lumayan
Kang, heuheuheu mudah-mudahan we tiasa enggal kapeser BMW....Di nagara
deungeun nu 'ngartos' ngeunaan kasehatan mah, pasar VCO lumayan
prospektif.
Abdi oge nuju diajar kumaha carana ngadamel proses
pembuatan VCO nu efektif sareng efisien, kualitasna sae, henteu enggal
'tengik'.... Mung sesah milari dimana nu seueur kebon kalapa
nya....??!!
Mangga ah ka sadayana....
Wilujeung bisnis
VCO.
Baktos, OTA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|