Punten, sigana "tangkodan" ti kuring aya masalah,
heunteu disaliksik deui. Ke dikintun ulang deui wae,
margi eta seratan ti Veven Sp Wardhana teh, panganteur
pikeun mikapaham buku disertasina gan Edwin Jurriens.

Di handap ieu, kuring nyobian mindahkeun sabagian
gagasan seratan ti mang Ayip kana basa Sunda.
Hapunten, upami basana rada 'aneh". Enya
bangga(=hese) oge nyerat ilmiah dina basa Sunda teh
geuning.



Disertasi gan Edwin Jurri¸ns judul aslina mah
nyaeta”Cultural Travel and Migrancy: The Artistic
representation of Globalization in the electris media
of West Java”, (2001), intina ngabahas
ungkapan-ungkapan artistik dina media elektronik di
Jawa Barat, hususna kana ciptaan-ciptaan media anu aya
jujutanana jeung proses globalisasi, nyaeta
nyawalakeun pakaitna budaya global jeung budaya Sunda.
Aya dua istilah pokok dina hal ieu kana pangalaman
budaya anu tumiba ka hiji jalma, nyaeta migrasi
(migration), lamun hiji jalma indit ti komunitas
asalna, tapi heunteu mikirkeun kana dampak budaya anu
kaalaman di tempat ngumbarana. Lawan tina migrasi eta
nyaeta Migransi (migransy), nyaeta kondisi sosial
musafir dunya anu nembongkeun kasadaranana kana
akibat-akibat budaya tina safari anu geus disorang ku
manehna jeung ngusahakeun pikeun “mengatasi”
lokasi-lokasi budaya anu sarwa obah, nepikeun migran
mah teu bisa balik deui ka tempat asalna, sacara
mental jeung kultural.

Materi anu ditalungtik nyaeta sinetron Inohong di
Bojongrangkong, pop sunda jeung Dongpless. Tilu hal
ieu ceuk juragan Jurriens mah, ngagambarkeun rarasaan
asing jeung nostalgia nepi ka rarasaan euphoria kana
sarwa-ragam budaya. Ungkapan media elektronik di Jawa
Barat anu ditalungtikna dianggap sabage wujud migransi
anu konsepna ngabogaan akar  kana studi-studi
pascakolonial jeung anu dimaksud mere isarat yen
proses globalisasi heunteu bebas tina aspek-aspek
kolonialisasi jeung pascakolonialistis. Tilu hal anu
tos disebut tiheula (tilu media elektronik) nunjukkeun
usaha anu bisa dianggap ‘sebagai strategi
pascakolonial’ anu ngarongrong unsur-unsur budaya
represif anu dilakukeun ku kawijakan-kawijakan
lembaga-lembaga global, nasional jeung daerah anu bisa
dianggap sabage neokolonial anu pangaruhna sarua jeung
aturan di jaman penjajahan.  Ungkapan media elektronik
anu disebut emansipatoris ceuk gan Jurriens mah
ngabuktikeun yen budaya populer jeung komersialisme
heunteu pabentar jalan jeung pascakolonialisme.


baktos,

mrachmatrawyani


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke