Hatur nuhun alo Hendra (ngalokeun wae nya, bongan salira oge nga-emangkeun :)),
 
Asupan sareng pamendak alo katarimakeun pisan. Aya sababaraha catetan ti si kuring kana naon anu dipadungdengkeun dina jejer "wates karajaan Sunda-Galuh" ieu. Pamugi wae ieu catetan teh bisa maparinan katerangan anu leuwih eces jeung sumanget nalungtik sajarah Tatar Sunda (TS) anu leuwih ngaronjat:
 
1) Disaluyuanana wates Sunda-Galuh nyatana walungan Citarum tea, kalawan beulah kuloneun Citarum asup ka wewengkon kakawasaan Sunda (Sembawa anu dipimpin ku Prabu Tarusbawa) jeung wetaneun Citarum kaasup Galuh (kalawan rajana Wretikandayun) eta mah kasaluyuan awal, sajarah lahirna karajaan Sunda minangka beubeulahan ti karajaan Sunda (Sembawa). Anapon dina lalampahan sajarah saterusna, eta dua karajaan teh mindeng pisan silih ganti antara papisah jeung ngahiji (dina harti: kalan-kalan eta dua karajaan teh dipimpin ku saurang raja, sakapeung eta dua karajaan boga raja sewang-sewangan anu sami-sami "berdaulat"). Pikeun hal ieu, mangga uningaan tulisan-tulisan ngeunaan sajarah TS. Kukituna, eta wates dua karajaan teh leuwih ngarupakeun wates awal wae, awal ngadegna Galuh atawa: larap nalika Galuh jeung Sunda masing-masing dipimpin ku saurang raja-na sewang-sewangan.
 
2) Kukituna:
 
a) data jeung informasi ti alo Hendra, ngeunaan ayana bukti-bukti wewengkon karajaan Galuh (diantarana anu dipimpin ku Ajar Sukaresi anu ditelasan ku Tamperan Bramawijaya-katurunan Sanjaya; sadayana masih anak-incu Wretikandayun) di kuloneun Citarum (tegesna di G. Padang, Cianjur), eta kajadian tiasa wae nalika harita Galuh jeung Sunda keur ngahiji.
 
b) Hal sejen anu perlu ditimbang-taraju dina lebah dieu nyaeta: Naha ari tempat tatapa hiji jelema atawa tokoh raja harita kudu di wewengkon karajaanana wae? Tegesna pananya teh kieu: "Wewengkon karajaan teh naha jadi watesan oge pikeun wewengkon tatapa atawa nyiar elmu kasaktian atawa ngisat diri alam harita?". Upama nyieun babandingan jaman ayeuna kira-kira kieu:" Lamun urang dina KTP teh kacatet salaku penduduk Ciamis, naha teu menang neangan elmu (tatapa lamun baheula mah) di wewengkon Bandung?". 
 
Pikeun maluruh kamungkinan di luhur, boh siki a) atawa b), diperlukeun panalungtikan leuwih teleb. Mangga, urang sami-sami maluruh.
 
3) Kanyataan yen wewengkon-wewengkon sabudeureun Garut harita ukur jadi tempat tatapa, mujasmedi (ibadah, kasus Candi Cangkuang jeung candi-candi sejenna di sabudeureun Bandung), paling jauh moro (sakumaha informasi tina Nasakah Wangsakerta yen Wanaraja, upamana, eta tempat pamoroan raja-raja Sunda-Galuh jaman harita) negeskeun jejer awal dina padungdengan ieu: yen sakiduleun Bandung-tegesna Citarum-harita wewengkon teh can pati rame ku padumukan (pemukiman) masyarakat. Kukituna, eta dua raja (Wretikandayun-Tarusabawa) ngarasa cukup nyieun wates dua karajaan teh ukur ku walungan Citarum (anu "notabene" sungapan Citarum teh ayana di wewengkon Bandung. Ngandung harti, sakiduleun Bandung-tegesna Garut, Cianjur jeung pakidulan Jabar sejenna ayeuna-kapikiranana (ku eta dua raja) henteu perlu pikeun ditandeskeun babagi wilayahna.
 
4) Bisa oge kamungkinan sejen: kanyataan yen wewengkon sakiduleun (sungapan) Citarum salaku wewengkon patapaan, nyiar elmu (metode alam harita) jeung tempat-tempat kaperluan 
sarerea (raja jeung warga boh Galuh atawa Sunda) anu jadi sabab musabab eta wewengkon henteu ditetepkeun wates-watesna nalika Galuh misah ti Sunda.
 
Hal-hal anu dipedar dina siki 3) jeung 4) eta mah ukur perkiraan kamungkinan (hipotesis oge can manjing) ti anu lain ahli sajarah. Taya lian ukur nyoba-nyoba neileuman naon anu kajadian alam harita. Pikeun anjog kana kacindekan anu leuwih sahih ngeunaan wates ieu dua karajaan atawa naon anu kajadian waktu Galuh mimiti misah ti Sunda tangtu wae merlukeun panalungtikan anu leuwih jero. Mangga urang arantosan wae, sugan aya anu haat nalungtik hal-hal sarupi kitu.
 
5) Kanggo tambahan informasi wae ieu mah, ngeunaan tempat Ajar Sukaresi (Prabu Adimulya Permanadikusumah) tatapa. Kasbutkeun dina buku sajarah-diantarana seratan Kang Saleh Dansasmita anu sumber gedena Naskah Wangsakerta (NW) tea - yen ieu tokoh teh raja anu langkung ageung minatna kana urusan spiritual (kasebutna "Ratu" anu siga kitu teh). Numutkeun NW, ieu raja teh tatapana di sabudeureun wates Galuh-Sunda (nyatana deukeut-deukeut ka walungan Citarum). Aya pamendak sejen, yen ditelasanana Prabu Permanadikusumah ku Tamperan teh sanes nalika anjeunna tatapa di G. Padang, balikta (tapi) nalika anjeunna tatapa di caket G, Sunda (G. Burangrang).
 
Kalintang narik ati keur panalungtikan naon anu didugikeun ku Kang Idrus, yen patilasan Prabu Permanadikusumah tatapa anu pangakhirna teh aya di sabudeureun walungan Cimuja anu brasna ka Ciasem terus ka Citarum, di Panaruban (deui wae) hehehe. Saur Kang Idrus, eta patempatan pangna disebut Cimuja (pamujaan, tempat ibadah, tempat tatapa) nya kulantaran aya dua raja anu tatapa (ngisat diri samemeh moksa) di dinya: anu kahiji, Prabu Permanadikusumah ieu, anu kadua: Sribaduga Maharaja samemeh ngahiyangna. Wallohu'alam. Ngan bukti fisik situsna di Panaruban pantes pisan keur panalungtikan: aya sedong anu kaiuhan ku batu (alam), aya tempat siga kuburan tina batu, jst.
 
Upama hal anu bieu ditatan kabuktian, eta tetep henteu napikeun (ngailangkeun) kanyataan Prabu Permanadikusumah kungsi tatapa di G. Padang. Wantun soteh ngajukeun ieu alternatif, dumeh wae lokasi G. Padang asa tebih ti walungan Citarum.
 
Cag, urang tunda dihanjuang siang, teundeun di handeuleum sieum, paragi nyokot ninggalkeun.
 
tansah,
manAR
 
 
 
 
 
  
 
 
  
 
 
 
 
 
 

 
On 4/26/06, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kunaon teu disebut-sebut harita? Sigana, harita (abad 7 nepi ka kl abad 15 M), wewengkon Bandung kidul nepi Garut masih kaasup daerah cawene alias can pati kajarambah ku manusa.  

 
Haturan Mang Oman,
 
Punten, asa kirang panuju sareng kalimah nu di luhur, ku magri ayeuna ku urang tos ka sampak di wewengkon Garut aya kabuyutan Candi Cangkuang. Saur pa Uka (Prof. Uka Tjandrasasmita), ieu candi teh titinggal ti abad 8 - 9, margina sajaman jeung candi pangkolotna di tatar Jawa, yakni Candi Dieng.
 
Di sabudeureun gunung-gunung nu aya di Garut oge seueur ruruntuk tilas kabuyutan nu mangrupa bale pamujan (punden) ti jaman megalitik atawa kalebet tradisi megalitik.
Dua hal ieu nunjukeun yen di wewengkon Garut jaman harita (abad 8 - 9) tos kajarambah ku manusa, malih mah jauh samemeh jaman karajaan.
 
Memang dugi ka ayeuna teu aya prasasti atawa naskah sumber sajarah nu negeskeun wates Karajaan Galuh di tatar sunda kiduleun Gunung Wayang.  Namung pami urang nitenan kana carita pantun buhun "Ciung Wanara" (Ciung Wanara atawa Manarah, Raja Galuh taun 739 - 783 M).  Dina carita ieu dicaturkeun aya Pandita Ajar Sukaresi atawa Bagawat Sajala-jala tatapa di Gunung Padang.  Ka uninga ku urang yen kabuyutan Gunung Padang teh ayana di wewengkon Cianjur.  Ajar Sukaresi oge kungsi janten Raja Galuh salami sataun, 724 - 725 M, nu katelahna Prabu Adimulya Permanadikusuma, nu saterasna ki Ajar ditelasan ku Patih Tamperan di Gunung Padang ieu.
 
Upami aya Raja nyaba ka hiji wewengkon pikeun tatapa, tangtosna ieu nunjukeun eta wewengkon teh masih kalebet wilayah kakawasaanana.  Cindekna, wates Karajaan Galuh jaman harita henteu wae mung sabudeureun Garut, tapi terus ka beh kulon dugi ka Cianjur ayeuna.
 
Baktos,
 
hendra


Yahoo! Mail goes everywhere you do. Get it on your phone .


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke