|
Hikss...abdi mah teu cioz...duh resep sigana nyaaa?...
kaleresan kamari aya kaperyogian "reuwas" eh, ngadadak heheh...dipiwarang
ngawakilan kulawargi ka Sumedang...
Tungtungnamah SMS weh ka Kang Ndul & Neng Iva, hapunten
teh Nety abdi teu tiasa sumping. InsyaAlloh kapayun manawi
ngiringan.
cr
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/01/06 08:23AM >>> Abdi mah nembean ngiringan kopdar kusnet teh. Heuheuheu mimiti na mah masih 'culungak-calingek' milari nu wawuh, nanging teu kapendak bae. Sumuhun jalaran terang nami teu terang rupi tea. Katambih-tambih Abdi radi isinan pami masamoan di acara-acara model kitu teh, 'demam orang banyak' tea panginten. Untung we aya nu masihan terang, hiji mojang nu calik gigireun Abdi, saur na teh....tuh nu itu nu namina Kang Kumi, tuh nu itu nu namina Kang Boim, tuh nu itu nu namina Mang Jamal, tuh ni itu nu namina Bah Willy....sareng rea-rea deui.... Hatur nuhun oge ka Teh Netty sareng panitia....Abdi mah kenging 'doorprize' dasi euy. Singhoreng resep oge nya acara kopdar kusnet teh, iraha atuh bade ngayakeun kopdar deui...??!! Baktos, OTA
Baraya, Hatur nuhun ka Teh Nety sareng panitia khususna Kang Ndoel (tukang wawar nu teu aya kacape) nu parantos ngulem ka acara kopdar di Subang. Raos sareng lada sambelna, oge rujakna. Hapunten abdi wangsul tipayun, jalaran aya panggilan darurat ti Dago, heheheh....jiga aya naon wae meni darurat. Ayeuna mah nuju reureuh saatos molototan tulisan nu matak lieur......... Baktos, ika Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Kopdar Subang-Teh Nety Roro Rohmah
- RE: [Urang Sunda] Kopdar Subang-Teh Nety Heryadi, Eddy
- RE: [Urang Sunda] Kopdar Subang-Teh Nety-foto ika mardiah

