Baraya,
1. Bubuka
Tos lami urang teu madungdengkeun deui garapan Kusnet bab digitalisasi Pustaka Sunda (PS). Sakumaha urang sadaya mafhum, garapan ieu diluluguan utamana ku : MH (Mang Hasan: Harjasantana Purba, urang Garut asli, sanajan nganggo "purba" oge;
[EMAIL PROTECTED]); ki Adi/pituin anu nuju di Abu Dhabi (Kang Rudy : [EMAIL PROTECTED]); sareng Kang Kumi (Kang Iskandar Adnan :
[EMAIL PROTECTED] , [EMAIL PROTECTED]) sareng pangrojong anu ageung ti Kang Ganjar (salah saurang profesor anu haat aktif icikibung di milist).
Ieu tim anu ngagarapan PS kalawan pola gawe ngalangkungan alam maya teh baheula mah disebutna : "The Dream Team". Duka naon sababna atawa tujuanana pangna disebut kitu teh. Anu jelas, karya-karya ieu tim teh parantos maparinan hiji "benchmark" gawe bareng ngagarapan pustaka Sunda dina wanda alam internet. Sababaraha karya garapan tim diantarana: digitalisasi "Rossdi jeung Misnem", oge anu teu acan rengse, majalah "Poestaka Soenda" tea. Insya Alloh, sakumna anu gaduh akses ka internet, bil khusus urang Sunda, ka payun tiasa ngakses buku-buku jeung rujukan pustaka Sunda baheula dina wangun digital, diantarana: "Roesdi jeung Misnem" jeung majakah Sunda tahun 1920-an : "Poestaka Soenda" anu ngandung peperenian kasundaan anu sanes lumayan deui.
2. Neng Siti, anggota tambihan Tim PS
Saterasna, patali sareng garapan digitalisasi PS ieu, dina danget ieu alhamdulillah urang tos gaduh tambihan anggota tim, nyaeta kersana Neng Siti Kamilah ([EMAIL PROTECTED]
), sarjana sastra Sunda anu sadidintenna aya di lingkungan UNPAD. Neng Siti teh ayeuna parantos ngawitan ngagarap digitalisasi PS anu salami ieu teu acan katoel. Hatur nuhun ka Kang Ganjar anu parantos nyambungkeun Kusnet ka Neng Siti. Atuh Neng Siti ku anjeun ayeuna parantos janten anggota Kusnet.
3. Bewara ti Neng Siti
Saterasna (deui wae), neng Siti nembe ngaharewos dina ym, punten, saurna, pangbewarakeun ka milist, khususna ka anggota tim PS. eusina bewara teh kieu :" punten bewarakeun ka baraya anu gaduh pancen kanggo ngedit naskah poesaka Soenda..upami peryogi program kanggo ngedit eta naskah, mangga tepangan siti wae, di UNPAD". Samemeh ka UNPAD, aya saena ngontak heula anjeunna ngalangkungan alamat e-mailna.
4. Ngingetan
Kanggo ngemutkeun deui sareng uar pangajak wae ieu mah. Anggota "the dream team" PS anu salami ieu parantos nembrakkeun kasanggupanana ngarapan digitalisasi buku-buku pustaka atawa bacaan basa Sunda diruntuykeun di handap. Aranjeunna teh nyaeta:
- Zamhur, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta, Indonesia
- Iyan, [EMAIL PROTECTED] , Batam, Indonesia
- Panzi, [EMAIL PROTECTED] , Batam, Indonesia
- Durahman, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta, Indonesia
- Irpan Rispandi, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta, Indonesia
- Ikmal, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta, Indonesia
- Muhamad Sulkan, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta, Indonesia
- Taso Komiko, [EMAIL PROTECTED] , Bandung, Indonesia
- Eneng, [EMAIL PROTECTED] , Jakarta , Indonesia
- Dudi, [EMAIL PROTECTED] , Purwokerto, Indonesia
- Yogie, [EMAIL PROTECTED] , Bandung , Indonesia
- Siti Kamilah, [EMAIL PROTECTED] , Bandung, Indonesia
5. Pangajak + Panutup
Para wargi. Garapan digitalisasi teh sanes garapan enteng. Diperoyogikeun tim anu seueur kalayan aktif. Kukituna, mangga ka dulur-dulur anu haat bade ngabantosan ieu garapan PS, hubungan wae ka MH, Ki Adi atawa Kang Kumi.
Rupina sakitu wae iber ngeunaan digitalisasi PS. Keur katerangan hanca garapan sareng proses ngagarapanana, mangga dihaturanan MH, Ki Adi atawa Kang Kumi pikeun ngadadarkeunana.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

