Kuring mah sarua meureun jeung kang ONO, mun mimiti panggih sok rada eraan..! Jadi ngen saukur ngapalkeun beunget nu napelkeun potret dina ramatloka, oh ieu Kang Kumi, Ua Sasmita, Mang Jamal, Kang Ndoell, Kang Waluya, Kang Iim, Kang Rusdi, punten nu lainna teu kasebutken. Komo nu awewena mah nu apal teh ngan Teh Puji , Neng Iva (Mojang Akank) jeung teh Nety. Da rarasaan mah, sologrog nyodorkeun lengeun teh kuring langsung nyebutken EMOD, nulain mah lolobana ngen saukur "senyum" antukna mah kuring ngen nyonyoo sibungsu we...! Da sugan teh rek diwanohkeun ku panicia.
 
Ningali Kang Agus Pakusarakan asa beda jeung dina potret, dina potret mah siga JAWARA, siga na teh pantes SA HAOK  KA DUA GAPLOK.....! hahaha..
 
Balik ti Kopdar langsung ka Tangkuban Parahu, datang ka imah langsung "NYEUNGEUT" TV, da lalajo TV teh saminggu sakali, lalajo balap motor jeung F1 "GP Turki HONDA One Make Race" Hidup HONDA.....! Harrr ituh...jadi ngacapruk kadinya..


Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Duh, meuni ngabaribita kieu…jaba dibagi lipensetip deuih…tambih hanjakal we teu ngiringan…:(
 
Pami ngaos surelek baraya ngeunaan Kopdar kamari lebetna seueur nu teu arapal. Ieu mah mung saukur usul ti abdi, eta ge manawi kaangge….
Kumaha pami Kopdar salajengna aya “petugas nu nampi tamu” siga dina hajat geuning sok aya wanoja & jajaka di payun….Tamuna ngeusian buku tamu. Ieu mah tong buku tamu, kertas we atuh…ngalebetan nami, alamat, nawis weh…salajengna dipasihan kartu nami nu diseumatkeun di dada, lebetna nami sareng alamat surelek, pan teu kedah hese2 neguh2…"Oh, ieu teh si anu tea nu alamat surelekna anu…."
 
cr


>>> [EMAIL PROTECTED] 05/01/06 01:22PM >>>

Ka baraya enggal punten teu patos apal nami2na. Kahiji teu patos
kadangu waktos nepangkeun teh, kaduana abdi mah diluar we teras da
teu kiat ku panasna. Tapi mugi teu ngirangan tali duduluran.
Ka teh nety, kanu gaduh bumi, sareng kanu nyandak kendaraan kang
tatan sareng teh tatat hatur nuhun pisan tos dibageakeun. Sareng teu
hilap ka bentang tamu ( hehehe....baraya nu paling
diantos2 ).....kang miih anu tos nraktir tuang. Mugi tong pundung
deui nya......pundung nraktir maksad teh....heuheuheu


Neng Iva

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Teh Eeya aya kamajuan euy... langkung ngeusi batan harita
(munggaran panggih
> di HBH-Villa Batan), heuheu... punten ah...
>
> Rame pisan kamari teh, loba anggota anyar (nu heubeul oge) nu
sarumping,
> jadi aya beungeut2 anyar, Kang Emod, Kang Ono, Kang Otong,
Kang ... aduh...
> poho deui euy... Kang Denny (ah, nu ieu mah bari ketang...
huihihihi...),
> Teh Enur, Teh Puji, Teh Erma, dan teteh2 yang lainnya... heuheu...
> Rungah-ringeuh puguh, loba nu anyar panggih. Ari pas wawanohan,
teu pati
> kadenge deuih, bubuhan ceuli keur rada... heuheu... Hatur tepang ka
>
> jk
>
> On 5/1/06, sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Sim kuring sok janten 'pemalu' ari di nu seueur jalmi teh :-p,
barieukeun,
> > janten ngantosan nu ngajak ngobrol tipayun. Kaleresan aya Teh
Puji (ti Ujung
> > Berung, Bandung), janten ngobrol we ngaler ngidul. Teu lami, aya
Mang Jamal...........







 
 
CapRock Communications
[EMAIL PROTECTED]
www.caprock.com


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke