sim kuring sapagodos kana pamadegan salira, kantenan sae pisan upami sakantenan disarengan ku usulan jalan kaluar supados Jawa Barat, Urang Sunda hususna tiasa kaluar tina kondisi sapertos kieu?, katambih deui ayeuna ku sesahna miceun runtah, aduuuuh kumplit pisan masalah di wewengkon Sunda teh geuning...., sim kuring teu ngartos naha sesah2 teuing milari pamiceunan runtah teh nya?
Wassalam.

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres naon anu disaurkeun ku Kang Wildan T. Khutomi.
Aya pangalaman pun bojo, anu kaleresan sasih kamari
sababaraha kali nyaba ka wewengkon Jawa Tengah sareng
Jawa Timur (Gunug Kidul, Solo, Trenggalek, Malang,
Mojokerto, Madiun). Anu katingali nyata pisan mah,
jalanan. Jalanan sapanjang perjalanan teh heunteu
garekgok, sareng pakampungan sajajalan teh mani
bersih/resik pisan. atuh upami ningali tina data-data
HDI (Human Development Indeks), kabupaten-kabupaten di
Jawa Tengah sareng Jawa Timur langkung sae tibatan
kabupaten di Jawa Barat.

Aya hiji kabupaten di Jawa Barat, salah sahiji dinasna
teh gaduh program ningkatkeun pendapatan asli
daerahna(PAD) teh tina jalmi anu boga kasakit. Jadi
ditargetkeun, lamun hiji rumah sakit tina sabulan aya
anu diopname sakitu urang atawa aya bidan anu
ngabantuan ngalahirkeun sakitu urang, dina sataun teh
kedah setor kanggo PAD sakitu rupiah. Sistem target
ieu teh, logikana  rumah sakit ngarepkeun sing loba
jalma anu gering, nya kitu oge bidan miharep supaya
loba ibu-ibu anu ngalahirkeun. Jadi lamun jalmana
garering jeung loba anu ngalahirkeun, berarti "sukses"
dina ngeusian kencleng kabupaten.

Logika-logika otonomi daerah anu mentingkeun kana
sarwa duit ieu teh mayoritas aya dina uteukna para
pajabat Pemda Jawa Barat. Matakna teu heran atuh lamun
wewengkon Jawa Barat jadi anu paling korup, tapi hese
ditindak, soalna boga prinsip "buruk-buruk papan jati,
pamingpin korup  hese diganti".

baktos,

mrachmatrawyani


--- Wildan T Khutomi~~ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sampurasun baraya :
>
> hiji poe waktu ka tukang simkuring di undang ka
> klaten, jogja jeung
> sakitarna,tina rangka silaturahim, nu notabene jawa
> tengah, si bapak nu
> ngundang simkuring harita carita (si bapakna
> UJ=urang jawa eh indonesia,
> red), "naha nya ari di jawa barat kota jeung
> daerahna lambat majuna
> sedengkeun di jawa tengah komo di jawa timur pesat
> pisan perbangunanan na",
> teras, ceuk manehna oge cigana ieu mah salah sahiji
> komoditi pulitik dina
> ngembangkeun ibukota ambeh teu jadi zona utama nu
> teu rusak, maksadna yen
> jawa barat teh ngan hungkul di jadikeun daerah
> penyangga ibu kota negara
> jakarata,leres atanapi  heunteu  teu langkung baraya
> nu terang sareng
> ngartos kahirupan di  belah barat, hiji pertanyaan
> ti kuring, "Naha Biaya
> Hirup di Daerah-Daerah Jawa Barat Mahal ????(hawatos
> atuh baraya urang nu
> teu mampu, kumaha nya...??)
>
> mangga ah....
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke