Na da basa HBH mah kaleresaeun di poto raramean teh kang. Kamari mah aya nu marulih tipayun, janten mencar. Duka pedah basa eta oge aya TV Bogor tea ketang, janten sumanget, da bade lebet TV :D. Ari abi mah, resep dipoto teh (pe-de aja lagi!!! hehehe)
 
waahhh abi aya atuh nya dipoto? asa di jepret da basa nuju ngabantun lalab (pe-de pisan ih!)...tapi isni lah nyebatkeun identitasna (janten teu pe-de kieu, heuheu), abi nu eta lah pokonamah kang :D
 

hasan_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya sa alam dunya jeung batur sa lembur...(nurutan Mang Je mun
teu salah mah nu kieu teh)

poto barengna nu kamari KOPDAR di Subang, tos dipasang di
Polder "Photos"-na urangsunda @ yahoogroups...
ngan edas eta nya kamari diajak dipoto bareng teh mani hese, sakitu
panitia tos gogorowokan ngajak poto bareng, eh angger we pas dipoto
mah teu jangkep...
engke mah mun aya deui KOPDAR atawa HBH kudu dijieun Susunan Acara-
na jigana mah... tah palebah acara "makan siang" atawa "makan
malam", kudu ditegeskeun, makan siang kudu ngumpul teu kaci papisah,
keun wae tempatna sempit oge (meh bisa pageye-geye, pa adu tuur), nu
penting mah "mangan ora mangan, kumpul"...
bari ngumpul, bisa bari silih wanohkeun... satutas eta, wajib poto
bareng, tong waka kabur... meh puguh dokumentasi pesertana ieu mah
lain kunanaon...

teras poto baraya sewang-sewangan nu keur nyiuk boboko mah bade
dikirim wae ka Babakan, moal dipasang di Polder "Photos", da
kapasitas Polder eta mah diwatesan ku yahoo-na...

"pemasangan" poto di Babakan, bade "dipasang" mun tos aya
katerangan "identitas" tea... nu nembe katimu (kapanggih; ari ieu
basa wewengkon sanes nya ?!)teh karek potona Kang Ono jeung Kang
Emod, nu sanes diantos kiriman "identitas"na...

hampura, ukuran poto-na sa alit, tos "diresize" heula, kumargi upami
dikirim nu aslina mah bilih si kuring digebah ku juragan moderator...
(baraya nu hoyong poto ukuran asli-na, mangga japri ka si kuring,
ukuran-na 3 s/d 4 MegaByte)







Baktos,
-eeya-
http://tawadhu.blogspot.com
ym id : l_indry99


How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke