Kang Dudi...
Sapaliwat mah urang teh jiga saumuran Kang. Kukituna urang mah duaan cuang make basa sunda gaul we ah meh loma heuheuheu...meh kaciri urang kuninganna teh....
Paling oge Kang Dudi umurna moal leuwih ti 30 taunan, nya kira-kira 25 - 27 taun lah, sarua jeung kuring.
Kana tangtungan Kang Dudi kuring pasti masih apal keneh. Rambut rada galing, panjang nepi kana punduk. Irung rada bangir. Pipi mah duanana 'tembem'. Salira rada 'ngeusi' dipapaes ku patuangan nu bucitreuk hahahaha....
Jangkungna paling oge 165-168 cm, berat badan nya moal kurang ti 60 - 65 kg. Kamari mah basa ka Subang make kaos oblong, ngagondang tas leutik warna hideung.
Kumaha percaya teu yen kuring bener-bener ngapalkeun baraya kusnet nu dongkap ka acara kopdar Subang....??!!
Apanan urang wawanohan di tepas bumina Kang Ikmal, basa rek dibagi hadiah panto tea ku Teh Netty...??!!
Baktos,
OTA
*** Kang Dudi di Metro TVna di bagean naon nya...??!!
*** Kuring hoyong diwanohkeun jeung pembawa acara BUMN Forum euy....geulis....
| "Dudi Herlianto"
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 05/03/2006 01:01 PM
|
|
hi hi hi hi... lamun bener ngapalkeun masih apal teu ka kuring??? nu sarua teu bisa gaul, karesep ukur sura seuri, ha ha ha ha ha...
ngeunaan fetussaga, dina panganteur nu ngarang (sampurasun) disebutkeun artina. kieu cek mj, fetussaga tina dua kecap, fetus nu hartina janin atawa jabang bayi, jeung saga nu hartina kisah atawa carita. jadi fetussaga? mangga artikeun nyalira ha ha ha ha.
dudi
can tamat karek 3 bab.. biasa we siweur kunu teu puguh :D
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

