perkara UUB (undak usuk basa). Jadi lamun ayeuna
dipersoalkeun deui, rada katinggalan jaman (kajaba
lamun aya hal anyar pikeun nambahan wawasan baraya
KUSnet). Dina hal ieu, sigana perlu aya moderator
KUSnet, hususon anu nyimpulkeun atawa ngarahkeun hiji
paguneman, sahingga lamun aya masalah anu sarua,
tinggal "muter" deui paguneman anu geus diobrolkeun,
pikeun nambahan pangaweruh baraya anyar KUSnet. Sabab
lamun teu kitu, paguneman di KUSnet teu
maju-maju.(Mang Ayip Rosidi, waktos panggih jeung
kuring, naroskeun, "kumaha kaayaan KUsnet ayeuna?".
Ceuk kuring teh tina segi "ide/pamikiran" mah teu acan
aya kamajengan, masih dina tahap silaturahmi jeung
wawanohan pikeun urang Sunda sakuliah dunya). Waktos
Kopdar Kamari di Subang, kuring nyawalakeun hal ieu
jeung mang MJ, tapi poho heunteu dibejakeun ka Bah
Willy jeung Ua Sasmita.(Baheula waktu HBH di Cimalati
Sukabumi jeung Ua Sasmita kungsi diobrolekun soal,
ngabagi-bagi topik milis KUSnet, terus dibukukeun.
Tapi kudu aya sukarelawan husus, siga naon anu tos
ditaratas ku kang MH dina perkara Poesaka Sunda).
Balik deui ka soal UUB, lamun teu salah mah aya salah
saurang KUSnet anu "ngalungkeun" perkara ieu, tina
salah sahiji tulisan di koran kompas, anu netelakeun
UUB teh salah sahiji bentuk feodalisme. Tapi teu
dijentrekeun, eta tulisan jujutanana kumaha jol nepi
ka kasimpulan siga kitu. nu terus di komentaran ku
kang Emod Morales. (Aya nu terang heunteu, artikel di
kompas tanggal sabaraha jeung dina berita naon?)
Ari sakaterang kuring mah, sigana (meureun)ieu aya
pakaitna waktu diskusi buku Edwin Jurriens "Ekspresi
Lokal dalam Fenomena Global", atawa waktu acara
panghargaan hadiah Rancage tea Meureun. Dina diskusi
buku eta teh dina makalah anu ditulis ku Mang Ayip,
netelakeun perkara "polemik Undak-usuk Basa Sunda
(1987)", eusina nyaeta undak usuk Basa Sunda anu
"mencerminkan" masarakat feodal, geus teu cocok
dipertahankeun di jero masarakat Indonesia anu geus
milih demokrasi sabage dasarna. Ku ayana undak usuk
basa ngajadikeun barudak Sunda/Urang Sunda jadi
heunteu wani ngomong basa Sunda, kusabab sieun salah
ngalarapkeun undak usuk basa, bisi dianggap teu boga
sopan santun, jeung sajabana. Kusabab kitu (mang Ayip)
nganjurkeun supaya undak usuk basa entong
dipersoalkeun deui, supaya barudak/urang Sunda heunteu
sieuneun lamun ngomong basa ibuna (Sunda) dimana wae
jeung iraha wae. Tah ieu gagasan Mang Ayip dina
Majalah Mangle terbitan taun 1987 "Ngabina jeung
Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda" di jero artikel
"Polemik undak usuk basa Sunda". Oge aya dina buku
karangan Mang Ayip "Sastera dan Budaya: Kedaerahan
dalam Keindonesiaan", terbitan Pustaka Jaya
(1995).Kusabab kitu, ceuk kuring mah lenyepan heula
eta artikel dina Mangle jeung buku terbitan Pustaka
Jaya, mun tos kitu mah, kakara urang ngatur strategi
kabudayaan kahareupna, rek kumaha ketakna baraya
KUSnet.
Kuring sapamadegan jeung Kang Reka gayantika di
handap. Samemeh urang nyimpulkeun hiji kacindekan,
kudu dibeuweung diutahkeun heula, naha enya "bener"
kacindekan mang Ayip anu di luhur teh. Pikeun kuring
mah,perlu ditalungtik deui, muara pasualan anu
sabenerna, kunaon urang Sunda embung make basa sunda.
Mun tos kapanggih, kakara diatur strategina kumaha
"menangkalna", anu tangtuna solusina teu bisa
diseragamkeun. Salah sahiji strategi solusina nyaeta
ngayakeun hadiah rancage, anu ditaratas ku mang Ayip
Sorangan. Atuh KUSnet oge sok sanajan leuleutikan,
ngabuka pabukon di wewengkon daerah Jawa Barat. Harita
oge ti Baraya KUSnet aya kasapukan, supaya di
lingkungan kulawarga sorangan, budak urang diajak
ngomong basa sunda sacar bertahap (tong jiga anu
didongengkeun ku Kang Reka gayantika di handap).
Kumaha "modelna" nyosialisasikeun basa sunda ka
barudak, jigana can aya katangtuan anu baku. Kana
urusan ieu mah, kang Denny Suwarja jeung si Tetehna,
anu ngalola sakola taman Kanak-kanak di garut, bisa
jadi tempat praktek ngajarkeun basa Sunda keur
barudak.
baktos,
mrachmatrawyani
--- reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ah, ceuk kuring mah euweuh korelasi undak unduk
> bahasa jeung embungna budak
> ngora teu make bahasa sunda. Anu jadi masalah mah,
> ayeuna mah, geus tara
> diajarkeunna basa sunda ka budak sorangan.
> Aya anu pikaseurieun, kabeneran dulur sorangan,
> anjeunna guru bahasa Sunda
> di salah sahiji SMP negeri anu alus di Bandung. Ari
> disakolaan manehna
> ngajarkeun basa sunda ka anak batur, tapina...
> anakna sorangan diimah
> diajarkeun basa Indonesia, komunikasi diimah make
> bahasa Indonesia.
> Tah... jadina kitu, sok geura ilikan, ayeuna mah
> geus loba pisan kolot anu
> teu daek ngajarkeun basa sunda ka anak sorangan.
> diimah makena basa
> deungeun...
>
> ah... eta mah ceuk sim kuring ketang... duka ceuk
> batur mah...
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

