----- Original Message -----
Subject: RE: [Urang Sunda] UUB!
baraya,
ngomongkeun sakola.
pun anak hoyong sakola di Bandung
gaya pisan, hayangna eta budak di SMAN3
cik ah bade tumaros, NEM sabaraha anu bakalan bisa plos asup ka eta
sakola.
sakola na di Al-Azhar 10 Serang budak teh
hasil 2 kali try-out, tilu mata pangajaran 24.85
sok inpo na diantos.
saha wae nu tiasa ngawaler.....hatur nuhun pisan
sateuacana.
Ah, ceuk kuring mah euweuh korelasi undak unduk bahasa jeung embungna
budak ngora teu make bahasa sunda. Anu jadi masalah mah, ayeuna mah, geus
tara diajarkeunna basa sunda ka budak sorangan.
Aya anu pikaseurieun, kabeneran dulur sorangan, anjeunna guru bahasa
Sunda di salah sahiji SMP negeri anu alus di Bandung. Ari disakolaan
manehna ngajarkeun basa sunda ka anak batur, tapina... anakna sorangan
diimah diajarkeun basa Indonesia, komunikasi diimah make bahasa Indonesia.
Tah... jadina kitu, sok geura ilikan, ayeuna mah geus loba pisan kolot
anu teu daek ngajarkeun basa sunda ka anak sorangan. diimah makena basa
deungeun...
ah... eta mah ceuk sim kuring ketang... duka ceuk batur mah...
cag ah...
-bohay-
tukang ngahiwal...