sanes urusan dosa wae, tapi oge urusan hukum jeung administrasi. Urusan
Hukum margi aya dua jalmi nu ngiket diri rek hirup babarengan
("kontrak" hirup babarengan). Anologi kuring kieu, lamun urang gaduh
tanah kedah puguh serat-seratanana. Tapi teu gaduh oge, teu nanaon,
ngan upami tanah eta disorobot batur, urusanana bisa panjang, jeung
bisa wae tanah urang teh akhirna dipimilik kunu nyorobot. KItu deui
dina hal kawin, teu gaduh serat kawin oge teu nanaon, ngan upami aya
masalah, engkena jadi "runyem". Biasana nu paling dirugikeun kaum istri.
Aya standar ganda di masyarakat urang kana kecap "kumpul kebo"
jeung "kawin Syiri". "kumpul kebo" goreng kacida ari "kawin syiri" mah
henteu. Padahal naon bedana?. Kadang-kadang nu kumpul kebo oge, kolotna
jeung tatangga oge pada terang. Contona sabulan kamari kuring nyaksian
wartos tina TV, wartos ieu dijudulan, "Pasangan kumpul kebo dinikahkan
massal di Medan". Nu kumpul kebo ieu aya nu geus 30 taun. Umumna kaum
nu sangsara (tukang mulungan runtah). Kunaon disebut pasangan kumpul
kebo? sabab teu boga surat kawin ti KUA. Kumaha lamun maranehna ngaku
geus kawin syiri? Media tetep we nyarebutna teh pasangan kumpul kebo!
Tapi media oge sakapeung sok "standar ganda", lamun ka jalma kasohor
atawa boga pangaruh mah, kajadian samen leven teh disebut kawin syiri.
Contona aya selebritis nu ngomong geus dikawin si eta mah, kawin Syiri,
di hotel anu ....
Aya rencana Perda ngabarantas maksiat di salah sahiji daerah. Salah
sahiji fasalna ngabarantas pasangan kumpul kebo. Lamun perda eta
di'sah"keun. Kumaha carana ngabedakeun nu kumpul kebo jeung nu kawin
syiri?
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Har... Ari Kang Ono... Dosa ti mana? Kapan sah numutkeun agama...
Upami teu ya nu nyatet mah, nya catet bae dina tembok, jeblagkeun...
He he... Kapan anu penting mah "kasaksi ku para wargi, jatukrami dalam
suci", ceuk Hendarso mah... Oge Rasulallah SAW nyalira pan
nguningakeun: "Geura tabeuh sasadaan sangkan wadya balad ngumpul, kami
rek ngawinkeun Fatimah".
>
> AJ
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

