- basa keur SMP pernah disetrap & dibere niley enol ku guru sajarah, gara2 pas ulangan katohyan ngabejaan babaturan (leuheung mun ngabejaan teh bener, da ieu mah... heuheu...)
- basa keur SMA, dibawa ka hareup ku Ibu Guru Matematik (namina Bu Yeyen asana mah), gara2 kacerek keur gegelutan di kelas. Harita teh Bu Guru kakara leos kaluar ti kelas, atuh kuring langsung cengkat 'nonjokan' babaturan. Barang geus paadu hareupan dina posisi nu keur tinju (ulah salah, awak leutik ge beuki kana sabangsaning mah...), bu guru balik deui. Heuheu... dititah tinju di hareup... untung keur bulan puasa, Bu Guru keur gede hampura...
jk
On 5/3/06, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nu pernah disetrap dipayun kelas basa SMP (sampeyan diangkat hiji, panangan katuhu nyepeng cepil kenca, panangan kenca ngahuapkeun peuyeum... pedah guru matematika keur nulis di papan bor, si kuring kapanggih keur cacamuilan peuyeum di meja pengker heuheuheu... memori taun 1987 di SMP 4 Bdg, guru matematika-na Pa Dedi Wikana)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

