Ha ha... Muhun sigana mah homsik yeuh... Pedah we sateuacanna mairan Kang Ono... janten rarasaan teh neraskeun mairan... Hapunten Kang Ono sareng Kang Emod...

AJ

[EMAIL PROTECTED] wrote:

Sanés Abdi Kang AJ, nanging Kang Emod tuh nu nyerat na. Heuheuheu kunaon ieu téh Kang AJ, bet janten buhili éh pahili kieu. Tos keuna sindrom homsik jigana mah janten teu pararuguh nyeratna ogé.



OTA



"Aj Kusnet" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]
05/03/2006 08:54 PM
Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc

Subject
Re: Balasan:[Urang Sunda] Nyandung massal euy => Maria Astati







Kang Ono, ulah nyebat "pun bojona" atuh... Ari "pun bojo" teh hartosna "pamajikan kuring" tapi ari "bojona" mah pamajikan batur, tapi sakadang "batur" di dieu teh masih raket jeung "kuring", kaasup "anak sorangan" (ari ka nu lian mah disebut "pamajikanana" atanapi "istrina" bae, sanes "bojona"...)

AJ

Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

Oh..ari kitu mah teu leres atuh alias ngabohong eta nu ngawayuh teh, nyebatkeun ikhlas, tapi naha dugikeun ka teu waras eta pun bojona. Atanapi tadina ikhlas, kadituna teu kiateun nandangannana.........manawi..!
 
Aduh eta kiatan nya rakana aki Neng atanapi Teh Maria Astati, anom keneh dikantunkeun ku bojona ? Mun anom keneh teh, kumaha eta kabutuhan biologisna..?
 
Eta saderek misanna meni 25 putrana, tisabaraha bojo eta teh ?
 
Nya lamun tos usaha kaditu kadieu hayoh wae teu gaduh putra mah, panginten antukna mah ngukut anak.
 
Ngan numutkeun Islam mah eta murangkalih kukut teh kedah tetep diwanohkeun ka ibu ramana (silaturahmi teu kengig pegat), komo murangkalih istri mah pan kedah diwalian ku ramana. Da biasana mah lamun nyandak murangkalih kukut sok ngangge segel, teras teu diwanohkeun ka ibu ramana na (bisi tos ageung uih deui, rugel tah..!)
 
aeh jadi kaditu kadieu....!
Hampura..!

 
Emod



Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke