nyandak uyah sareng iteuk..
oge doa hehehe
 
wilujeung lah sing salamet
kuring ngan ukur cineten da tebih eung...

Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oh muhun mangga kang, santai we nu teu pengalaman oge.
Kade hilap nya kang attach KTP na sareng kintun biaya pendaftarana ka kang Dudi Herlianto.
KTP ieu syarat kanggo daftar/lebet ka gunung gede.
 
Hatur nuhun.

 
On 5/5/06, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Runa, si kurin hayang ngilu euy...
tapi can boga pangalaman naek gunung, kaci teu nya ?!
jeung deuih boga kasakit sinusitis euy (sok pilek mun dinu ti'is)...
 
 
^_^
 
 
----- Original Message -----
Subject: [Urang Sunda] Naek Gunung Gede

 
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
 
Kumaha daramang sadayana baraya ? Sip lah upami daramang mah.
Ngalajeungkeun deui perkawis kagiatan Naek Gunung Gede tea, Insya Alloh kagiatan ieu bade dilaksanakeun dina :
 
Dinten/Ping : Jum'at - saptu, 26 - 27 Mei 2006
Tabuh  : 15 -16 Waktu Cianjur
Lokasi kempel : Kebun Raya Cibodas - LIPI
 
Perlengkapan anu kedah dicandak diantawisna nyaeta :
PERALATAN KELOMPOK
1. Kompas
2. Peta
3. Tenda-Dome (masing-2 oge langkung sae)
4. Fly-sheet
5. Kompor-Gas
6. Gas-Stove
7. Nesting - Trangia
8. Obat-obatan
9. Logistik
10. Aya deui teu nya ?????
 
Peralatan pribadi mah mangga teu langkung kumaha saena wae, anu penting kade hilap nyandak obat-obatan pribadi.
 
Persyaratanana :
1. Mayar biaya pendaftaranana saageung Rp. 20.000/jalmi. Ieu kanggo mayar pendaftaran lebet ka Gunung Gede sareng logistik, kintun wae ka rekening Kang Dudi Herlianto no. rek. 0950735554 BCA Cab. Bogor.
2. Ngeusi formulir pendaftaran  sareng ngintun Fotocopy KTP (diattach) kintun ka
[EMAIL PROTECTED] cc-keun ka [EMAIL PROTECTED]
 
Formulir Pendaftaran:
 
Nami  : Hasan Supriadi
Jenis Kelamin : Lalaki
No Tlp./HP : 08129625950
Kawit/Padumukan : Betawi 
Jumlah anu ngiring : Bade nyalira bae
Peralatan anu bade di bantun : Baju salin jeung kamera 
 
Pendaftaran diantos dugi kaping 19 Mei 2006 tabuh 18.00 WIB.
 
Cag...sakitu heula marangga dalaftar.....
Hayu urang silih ningkatkeun rasa babarayaan diantawis urang ku jalan ngiring NAEK GUNUNG GEDE.
 

Cag, Baktos
 
Runa Inawan + Dudi Herlianto



--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com


Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke