Nya atuh, kantun breng we da katingalna mah urang Sunda teh sok loba catur tanpa bukur atanapi saeutik catur komo bukur mah, pan kanggo tatapakan laku mah Perda na tos aya nu ngatur soal kedah ngamumule budaya, basa, katut aksara Sunda. Ngan duka kumaha tah rengkolna dina program sareng kegiatan Pamarentah Provinsi Jawa Barat, katingalna mah mung saukur garapan unit pamarentahan provinsi wungkul janten asik sorangan tah pamarentah teh tara nyabit2 kumaha tah kum na urang sunda na dina ngalaksanakeun eta Perda teh. Komo pan basa Sunda teh teu jadi basa panganteur2 acan di kelas 1-3 SD, tah mun nyaah ka Basa Sunda jigana payus pisan mun aya putusan pulitik khususna di jawa barat, supaya basa sunda teh jadi basa panganteur di kelas 1-3 SD, keun we di wilayah cirebon mah tinangtu basa sunda cirebonan, atawa keur di wewengkon pantura basa sunda nu hirup di wewengkon eta. Cag sakieu heula
ddmariana
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring sapadegan sareng kang MH, dina mayunan situasi
global, urang kedah tetep mulasara kabudayaan lokal,
nilai-nilaina kedah di tancebkeun ka barudak urang ti
keur leutik. Aya "kesan" batur anu ngaramekeun istilah
"global" ieu teh, sakadar bungkus pikeun "jualan
dagangan"nana supaya laku.
Punten, upami conto dihandap ieu, nyabit-nyabit
pangalaman Mang Ayip di Jepang (kesanna jadi
Ayipsentris). Asana teh cocok pikeun ngagambarkeun
kumaha kabudayaan lokal dipertahankeun dina era
global.(salah sahiji diantarana widang kasenian).Di
Jepang, sok sanajan jadi "raksasa" dunya dina widang
ekonomi, heunteu ngamomorekeun kabudayaan asli Jepang.
Aya salah sahiji jenis kasenian Jepang (kabuki), anu
nepi ka ayeuna persis sami saperti 500-600 taun
katukang. Kasenian eta teh dina era global ieu, jadi
salah sahiji daya tarik pikeun turis jeung urang
Jepang Asli. Urang Jepang sorangan, lamun lalajo
kasenian eta teh, kedah maca "buku petunjuk" anu husus
disayagikeun pikeun jalma anu lalajo kasenian eta.
sabab bahasa dina dialog-dialog pertunjukkan kasenian
eta teh, bahasana teh basa "Jepang buhun" anu tara
dipake pikeun komunikasi urang Jepang kiwari.
(duka ieu teh nyambung atanapi heuteu nya, jeung
padungdenganana kang MH jeung kang Maman)
baktos,
mrachamtrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Maman,
>
> Koreksi sakedik, jigana dina seratan Kang Maman (di
> handap), kalimah "Rupina ieu teh pangaweruh tina
> globalisasi", maksudna "pangaruh" nya? sanes
> "pangaweruh". Sugan akur, kitu oge.
>
> Noong perkara nyiapkeun barudak jadi "warga negara
> dunia", sakedapan mah eta istilah teh jiga gagah
> nya.
> Coba urang toong ilustrasi nu kapanggih ku kuring di
> lembur batur jiga dongeng ieu. Di pusat karamean
> kota
> Kuala Lumpur, pangangguran nitenan jelema nu
> balawiri
> ka ditu ka dieu. Rupa-rupa bangsa bisa kapanggih, ti
> mimiti anu kulitna hideung lestreng, sawo asak,
> beureum, koneng, nepi ka nu bule aya.
>
> Naon nu matak helok, nu kapanggih dina eta komunitas
> jelema multi-ras jeung warna kulit tea, kira-kira
> jiga
> kieu: aya babah panggih jeung babah cas cis cus
> nyarita ku basa babah, aya keling panggih jeung
> keling
> cas cis cus nyarita ku basa keling, aya bule panggih
> jeung bule cas cis cus nyarita ku basa bule, aya
> malayu panggih jeung malayu cas cis cus nyarita ku
> basa malayu. Pondok carita, dina komunitas nu
> "global"
> tetela hiji seler batur masih migunakeun identitas
> basa kaseleranana. Tapi upama komunikasina geus
> lintas
> bangsa, lain jeung papada selerna sorangan, kakara
> migunakeun basa komunikasi nu dipikaharti ku dua
> pihak, malayu atawa inggris.
>
> Balik kana perkara "warga negara dunia", naha naon
> atuh ari "warga negara dunia" teh. Naha pikeun jadi
> "warga negara dunia" kudu eureun heula jadi "warga
> bangsa Sunda". Atawa urang bisa jadi "warga negara
> dunia" ku cara tetep jadi "warga bangsa Sunda".
>
> Kuring rek nyoba noong perkara di luhur, teuing
> bener
> henteuna mah. Upama urang nitenan hiji bangsa,
> pikeun
> ngabedakeun jeung bangsa sejenna, jigana bisa
> dilakukeun kucara milih sababaraha parameter nu bisa
> dijadikeun ciciren pangbedana. Diantara ciciren nu
> bisa diukur diantarana meureun perkara warna kulit,
> basa, jeung wilayah geografina. Urang cokot we salah
> sahijina, ciciren "basa" salaku parameter pikeun
> ngabedakeun hiji seler ti seler sejenna.
>
> Ayeuna urang nyoba-nyoba nyieun hubungan antara
> kumpulan seler jeung kumpulan basa. Sebut wae
> kumpulan
> kahiji, kumpulan seler, A = {sunda, jawa, madura,
> bali, bugis, cina, india, arab, aria, eropa}.
> Kumpulan
> kadua, kumpulan basa, B = {basa sunda, basa jawa,
> basa
> madura, basa basa bali, basa bugis, basa cina, basa
> india, basa arab, basa jerman, basa inggris}.
> Meureun
> model hubunganana teh pasti "hiji ka hiji", nyaeta
> tiap seler mibanda basa husus basa selerna.
>
> Upama dunya geus jadi global tea, kumaha
> komunikasina?
> Bisa jadi modelna salah aahiji tina dua alternatif
> ieu: 1) migunakeun salah sahiji tina basa dina
> kumpulan B jadi basa panganteur sarerea; atawa 2)
> nyiptakeun basa anyar di luar basa dina kumpulan B.
> Nu
> katitenan ku urang ayeuna jigana model kahiji nu
> dipake teh, jiga dina kontek nasional migunakeun
> basa
> Indonesia, kontek globalna migunakeun basa Inggris,
> atawa basa sejenna. Alternatif kadua mah, jigana can
> aya ahli linguistik nu nyieun eksperimen. Padahal
> alternatif kadua teh, alternatif paling adil,
> rarasaan
> mah, sabab teu aya dominasi basa hiji seler ka basa
> seler sejen.
>
> Upama kitu, nu disebut "warga negara dunia" teh
> sabenerna mah lain perkara nu gagah. Tapi perkara
> dominasi hiji seler ka seler sejen. Alias perkara
> leungitna salah sahiji identitas hiji seler,
> kulantaran kadeseh ku seler sejen. Nu ideal, ceuk
> kuring ieu mah, hadena mah ciciren seler masih tetep
> dipiara (basa lokal, misalna), tapi bisa komunikasi
> jeung seler sejen dina kontek global. Wallahu'alam.
> (mh)
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

