Sapuk....... pokona mah habek2 weh nyarita lah... make basa sunda... amun salah mah wajar.. da jalmi mah moal aya anu teu salah... hehehehe...
 
-bohay-
anu teu bisa nyarita...

 
2006/5/7, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]>:
Ceuk paningal simkuring barudak ngora embung make basa Sunda teh lain ku sual ayana undak usuk basa, tapi: (1) lolobana mah geus teu wanoh kana basa sunda teh; (2) dina wanohna oge, ngarasa sieun salah ngalarapkeun mun cumarita make basa sunda; (3) basa sunda dianggap kurang boga ajen 'ekonomis' jeung 'praktis' dibandingkeun basa Indonesia, komo jeung basa Inggris mah. Duka tah leres henteu na mah, da katingalna mah kedah ditalungtik nu daria. Ngan nu jelas beuki ka dieu teh kulawarga sunda di dayeuh mah katingalna loba nu geus teu ngagunakeun basa sunda dina kahirupan sapopoe dina cumarita dilingkungan kulawarga sunda. Cobi geura uningaan aya buku kang Ajip nu judulna "Korupsi dan Kebudayaan" pedalan taun 2005 mun teu lepat mah aya artikel nu ngabahas sual basa (Basa Sunda, Basa Indonesia jeung basa asing, Inggris). Ari sual UUB mah saleresna nya tong make dipikasieun komo mun teu kungsi wawuh mah, der2 we make basa sunda boh nulis boh cumarita, keun we dianggap salah mah daripada teu make samasakali mah masih mending.
 
ddmariana


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke