Leres kitu pisan, ngayakeun ieu pasanggiri "Ngarang Sareng Nembang Pupuh" teh tujuanana teu aya sanes,
ngahudangkeun deui sareng ngamumule salah sawios seni/budaya Sunda.
Margi upami ngahudangkeun + ngamumule budaya Sunda sanesna, sapertos, Pantun, Beluk sareng seni/budaya Sunda sanesna, tangtos ngabulasinna.
Perkawis anu ngiringna, mung saukur dua tilu jalmi, yeu janten halangan, da mung sakitu buktosna.
Didieu tiasa didamel patokan, kumaha kaayaan seni/budaya Sunda "tembang pupuh".
Kunaon anu dipasanggirikeuna murangkalih SD/SMP, etang-etang nyeboran bibit (upami aya).
Upami tos janten tangkal mah, asana pamohalan tiasa nyeborna.
Pihatur
Sigana panicia ngahaja, ngayakeun pasanggiri tembang
pupuh. Waktos jaman kuring sakola di SMP wae, te u aya
palajaran tembang pupuh, mung diajar
patokan-patokanana, sabaraha baris, naon kecap
pangahirna, ssjb(sareng sajabana).
Komo deui sakola jaman ayeuna, tos pasti teu aya
kurikulum tembang pupuh. Janten teu aya jujutanana
antara pangajaran sakola sareng ngayakeun pasanggiri
tembang pupuh.
Ku ayana syarat tembang pupuh teh, jadi hiji seleksi
(alam), teu sadaya barudak tiasa ngiring acara
pasanggiri ieu. Sigana panicia, bade milarian bakat
barudak (usia sakola SD/SMP/SMA) anu tiasa nembang
pupuh.Perkara kamampuan nembang pupuhna naha diajar di
sakola atanapi guguru sacara informal ka ahlina, teu
jadi halangan. Nu penting, ngamasyarakatkeun deui
atawa micinta(mikacinta?) kana tembang pupuh.
Contona, pupuh "budak leutik bisa ngapuuunnnggg,
babakuna ngapungna peuting" tos tara kapireng deui
dihaleuangkeun ku barudak atawa ku kolot jaman ayeuna.
Anu sering kapireng teh "kita berteman saja, berteman
tapi mesraaaaaaaaaaaaaaaaaaa".
baktos,
mrachmatrawyani

Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.