Punten mayunan Mj yeuh. Asana anu kagungan informasi alamat kontak inohong-inohong sapertos Pa Agum, Pa Ginanjar, Tubagus Hasanuddin, ssjb, teh aya rerencangan abdi, Kang Nanang Munajat, dosen ssmki di Bandung (kapungkur kantos nyimpen no hp aranjeunna ti Kang Nana, namung kabujeng teu aya dipilarian teh, sigana kapupus ma'lum jarang kokontakan tea). Anjeunna oge tos biasa milarian sponsorship sareng donatur kagiatan pegelaran seni budaya. Bade kontak sareng Kang Nana? mangga japri wae di abdi aya no hp/tln bumi Kang Nana.
 
baktos,
manAR
 

 
On 5/8/06, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun kana Informasina, sumuhun sateuacana abdi nyerat email,rencanana bala tentara Gentra Kaheman bade nepangan Ma Ageung, Anjeunna memang salah sawios Urang Sunda nu ageung komarana tur dipikahormat, utamina ku urang Bogor. Nanging, Wartosna Ma Ageung teh ayeuna mah rada sesah masihan waragad teh. Anjeunna ayeuna mung saukur Nyumangetan Wae atanapi masihan peupeujeuh ka para nonoman Sunda dina perkawis perjuangan nanjeurkeun ajen budaya Sunda.
Abdi hoyong terang, alamat para Pejabat atanapi gegeden Sunda nu Sanes, diantawisna Bapa Agum, Bapa Ginanjar, Bapa Tubagus Hasanuddin, Sareng Sajabina. Kitu cenah Mang.


j <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
hehe, di Bogor aya Ibu Ageung, inohong US nu ageung da jujulukna oge ibu ageung. hehe
 
mangga cobi tah  ka ibu Ageung. Tien Rostini kitu namina.

 
On 5/6/06, netta fahad <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Assalamualaikum, wr. wb.
Akang akang , teteh teteh, Saderek Abdi Sadayana
Simkuring Ti Lises GEntra KAheman IPB, Aya Maksad Seja Ngayakeun Hiji Pagelaran Seni Tradisi Sunda dina Kaping 28 Mei sareng 3 Juni 2006 di Kampus IPB Bogor. Pagelaran Seni eta Mangrupi Helaran nu dipungkas ku Acara Pencanangan Gerakan CINTA BAHASA DAERAH sareng Pagelaran Seni Sunda nu Baris Ngangkat Deui Ajen Seni Buhun Pasundan Diantawisna Seni Tayub.
Tah Simkuring Saparakanca Bade Nyuhunkeun Tulung atanapi bantosan, Bilih bisi Palawargi sadaya Gaduh Alamat Para Inohong Sunda di Sakuliah JAwa BArat, Banten Sareng Jakarta, Simkuring Saparakanca Hoyong di Pasihan Terang. Dina danget Ayeuna, Lises Gentra Kaheman Peryogi Dana Tambahan Ti Para Donatur kanggo nambih - nambih Dana ti Sponsor. 
SAkitu bae ti simkuring, HApunten Upami Aya Kalepatan Dina Ieu Seratan.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb.  

Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
geocities.com/mangjamal


Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke