Ceuk pamadegan kuring nu teu ngarti dina ieu widang, heureuy atawa naon wae, datang asalna ti suku bangsa mana wae, ari anu goreng kadituna mah teu kudu teuing make dipublikasikeun atawa diuar-uar sagala.
Sabab lain oge atuh urang teh hayang hirup tiis ceuli herang panon, genah hirup babarengan jeung papada suku bangsa sejen, ari anu kararitu disuat-suat mah, anu balukarna silih teu hade papada curiga, sakwasangka, kantunkeun tong diengke-engke.
Urang sarerea diayakeun ku Gusti Alloh di dunya ieu, sanajan teu sarua wujudna sareng tempatna, sidik eta teh supaya papada kenal silih hadean, silih tulungan, silih majukeun, hirup kumbuh silih asih, silih asah jeung silih asuh, dina anugrah anu nyiptakeunana. Lain silih curiga, lantaran teu sarua tea (ayana "perbedaan") kudu jadi hikmah.
Cenah aya alesan"budaya", eta teu kudu dijadikeun alesan ari budaya goreng malah kudu
gancang pupuskeun tong dipulasara naon bae anu goreng mah dapuguh goreng.
Budaya teh anu aralus wae anu kudu terus dikembangkeun supaya harepan anu tadi insya Alloh kalarapan, jadi tinekanan.
Punten ka baraya, kuring isuk-isuk ieu ngacapruk kamana wae, susuganan anu garoreng jadi jelas gorengna, malah mandar tiasa diganti kunu aralus hungkul.
Baktos
pa tams.
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enjing baraya..kamari (kemis) rusuh, aya nu nungguan ngajak balik. pailna poho teu kapunggu. ti poe jumaah nepi ka salasa cuti, ari make internet tara ieuh maksakeun ka warnet komo ngalanggan ka propaiderna mah. punten.nyanggakeun.
Yahoo! Mail goes everywhere you do. Get it on your phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

