|
Assalamu'alaikum wr wb.
Hatur nuhun kana info na kang Oman,
manawi teu ka abotan upami akang pendak atanapi aya kontek sareng aranjeuna,
punten weh pang suhunkeun alamat na atanapi sakedik na nomor telepon na, sim
kuring Insya Allah bade wangsul heula ka lembur akhir taun ieu, manawi Gusti
Allah marengkeun, akang teh nuju neraskeun daftar silsilah anu buntu saatos na
di kantun ku pun aki almarhum, ku kituna sim kuring milarian jalmi2 anu
sakintena terang kana jalur teureuh Eyang Mahmud, supados daftar ieu tiasa
nyambung, sakantenan sim kuring hoyong tepang sareng wargi2 sadayana anggota
Kusnet , hoyong manknagkeun tali silaturrahmi sareng wargi2 urang sunda anu
dumuk di lembur, atuh anu di luar indonesia oge upami kaleresan aya di lembur,
dina waktos na sim kuring aya di lembur manawi teu ka abotan hoyong tepang
manjangkeun baraya kasundaan.
Kang Oman saupamina tos aya widi masihan
informasi Abah Olot sareng Apih, mugia kersa di kintun ka email sim kuring di (
[EMAIL PROTECTED]
)
hatur nuhun sateuacan na.
Wassalamu'alaikum wr wb
Kang Nata
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 08, 2006 11:36 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Panca kaki
teureuh Mahmud
Wa'alaikum salam wr wb.,
Rampes Kang Nata,
Rupina di ieu milist, sok sanaos mungkin wae aya seke seler kulawarga
Mahmud, namung namung anu terang berendelanana kakulawargaan teureuh eta asana
langka. Ma'lum seseuseurna anggota milist teh entragan ngora,
oge patali sareng kabiasaan urang anu langka nuliskeun
pancakaki kakulawargaan. Sok sanaos kitu, muga ulah putus harepan.
Sakaterang abdi atawa anu abdi terang salila ieu, aya dua sepuh anu
uninga kana pancakaki teureuh Mahmud. Aranjeunna nyaeta: Abah Olot sareng Apih
(Kanduruan Kartawinata). Mung hanjakal aranjeunna sanes atawa teu acan lebet
anggota milist urang ieu. Duanana ieu "tokoh" tunggal teureuh Mahmud keneh.
Malah abah Olot mah dugi ka ayeuna masih rajin nganjangan ka
kulawarga-kulawarga teureuh Mahmud, utamana anu dumuk di Bandung. Kanggo
alamat kontak anjeunna, mangga japri wae abdi.
baktos,
manAR
On 5/7/06, S M
Natapradja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
Kahatur
para saderek sareng karuhun Kusnet, oge ka sadayana baraya anu aya di mana
wae,manawi sareng manawi
sim kuring hoyong uninga di antawis member anu aya di
milis ieu, aya teu nya anu katurunan ti Eyang Mahmud anu makam na di
desa Rahayu, ari maksad sim kuring naros keui teh ,
teu aya sanes hoyong terang ka baraya2 anu sami2 teureuh
Mahmud,
sareng mudah2an urang tiasa panca kaki, atuh ka anu
sanes teureuh Mahmud oge sim kuring tos ngangken baraya di dasaran
ku
agama tur sami-sami urang sunda.
Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED
LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|