mugi2 murangkalih sing janten jalmi anu soleh...
sing bakti ka sepuh na, nu insya alloh sing salamina aya dina papagon
agama sareng darigama
salam
agus + ani + hafizh
NB : punten teu tiasa sms komo deui tlp mah.... maklum.. dunya keur walurat....
On 5/10/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng Neng Ani sareng Kang Ikmal. Mugi sehat saterasna.
>
> Baktos,
> ika
>
> ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bagea Baraya sadaya....
>
> Abdi sakulawargi ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos ngadorong ku du'a
> sareng motivasi, terutamina teh Netty, kang Ndoell miwah garwana, anu teu
> kendat-kendat masihan dukungan moril dina saminggon abdi sareng pun bojo
> raraga ngabageakeun si utun....
>
> ngadongeng sakedik :
>
> ti mimiti ping 4,5 Mei sim kuring ngajukeun cutiw, maksudna mah rek
> ngajieun KTP pedah kadaluarsa ti bulan maret mula, jeung deuih di Jakarta
> keur usum operasi Yustisia, Beu......
>
> karek ge nepi Sukabumi, geus di telepon si Neng ti subang, Yeun mules na
> tos karasa terus-terusan, atuh biur wae ka Subang, bedo nyieun KTP di
> Sukabumi teh.....
>
> ti kemis nepi ka minggu di subang nungguan si utun kaluar, can di
> parengkeun kaluar, nya bebeja wae deui, rek mulang ka Jakarta sababna aya
> hancaan jeung masalah di kantor nu can di rengsekeun...biur ba'da maghrib
> mulang ka Jakarta, nepi ka jakarta jam 10 peuting, karek ge rek reup sare,
> kring....... hapew disada deui, ngiberan yeun si neng geus bukaan
> hiji....diilikan jam geninga wanci janari leutik satengah dua
> peuting.....beu..........
>
> isuk-isuk sateuacana Subang, neleponan heula atasan jeung babaturan
> kantor, cuek basa keren na mah koordinasi tea meureun, sangkan salila di
> tinggalkeun lancar, jadi moal aya nu mindeng neleponan dina raraga urusan
> kantor.....meureun!!!
>
> Anjog di subang pas dur bedug lohor poe senen.... kasampak si neng keur
> ngagoler ngararasakeun kusialna mules beuteung.....ba'da magrib, kandungan
> dipariksa deui, masih keneh bukaan hiji, bidan nyerah, ngarujuk ka rumah
> bersalin, nepi rumah bersalin di pariksa, si Neng di rujuk Ka RS PTP
> NUsantara VIII Subang, nepi ka RS di tarima di UGD jam 8 peuting, langsung
> di asupkeun ka ruang bersalin, di Induksi make balon, jam 12 langsung bukaan
> lima.....
>
> Janari di pariksa geus bukaan genep, hate bungangang, arek jadi
> bapa...subuh di pariksa deui ku suster, beu....geningan cenah jadi bukaan
> 4,5, aneh......!!!
>
> ngan nyaeta nanya ka perawat didinya teh, asa cape hate, ku jawabananan
> jeung pasemon na, mani ketus tur judes, edaassss....lamun teu butuh rek di
> talapungan suster teh!!!
>
> hate, pipikiran jeung tingkah geus karasa teu pararuguh, inggis ku bisi
> rempan ku sugan....
>
> da teu puguh cabak tea, menta bantuan jeung nanya paramedis, jawaban nana
> teh lain matak nentremkeun malahan mah matak nepsong, ngan di sabar sabar
> we.....malahan maranehna malik komplen, cenah: kulawarga bapa sing boga adat
> atuh, lain ngaririweuh, da eta mah geus biasa mun nu rek lahir mah kitu,
> beu.....(ngan bisa ngusap hate we jeung neger-neger maneh, sangkan tong
> esmosi!!!)
>
> jam 11, poe salasa, pucunghul karek jebul dokter, terus mariksa si neng,
> di putuskeun rek di rangsang sangkan mules make infusan.........nepi ka jam
> tilu, mulesna mingkin ngajadi, tapi bukaan tetep karek nepi paling undak ge
> ka bukaan genep.....jam 5 sare, ketuban pecah, si neng mingkin sutress,
> sieun kuma onam si jabang bayina....
>
> kuring langsung ngahubungi bag admin, sangkan langsung wae di ayakeun
> tindakan operasi caesar, karunya ka indungna budak, geus ampir saminggu teu
> bisa sare, ngararasakeun kasakit kusialna beuteung!!
>
> jam salapana peuting asup ruang operasi, jam salapan leuwih 40 menit, si
> jabang bayi kaluar, satutas di beresihan, langsung bae di adzanana jeung di
> qomatan...Alhamdulillah sehat tur normal, malah jam sabelas geus dianteukeun
> ka kamar dideukeutkeun jeung indungna.....
>
> geus kabeh salamet jeung sehat, reug reug hate, tinggal lungse jeung
> cape!! jeun teuing.....nu penting mah kabeh salamet, jam 2 janari, biur ka
> jakarta, muru pagawean, sieun minggkin loba masalah da geus ditinggalkeun
> saminggu, da kamari ge keur ditinggalkeun teh loba hanca!!
>
> ayeuna geus di pagawean, teu puguh cabak, masih keneh bangreung, reuwas
> karereuhnakeun.....geningan kieu rasana boga budak munggaran, karek ge dua
> poe teu sare geus teu pararuguh, komo iyeu meureun jikun kuring nu ampir
> saminggu teu sare bari ngaarasakeun kanyeri, muji ka jikun teh, nu lia mah
> jejeritan jeung humaruung ngararasakeun kanyeri teh, iyeu ngan ukur leungeun
> tipepereket, paling banter ngan ukur nagberebey cipanon!! gening kieu ari
> rek jadi indung teh, pantesan Nabi misaur yeun urang kudu mihirmt ka indung
> teh dugi ka tilu kalina, kakarak di walon ka opatna kudu mihormat teh ka
> bapa!!
>
> tah ayeuna, tos lubar jeung rengse, tinggal bagjana....
> ayeuna sim kuirng jeung jikun meunang amanah kudu ngaping ngajaring si
> utun sangkan mulus rahayu berkah salamet, di dunya tug dugi ka aherat, abdi
> sakulawargi neda pidu'ana snagakn tiasa ngajaga sareng ngaping amanah anu
> tos dipasihkeun ku Gusti Allah ka kulawarga abdi. jeung jang si utun neda
> pidu'ana mugya sing soleh, cageur, bageur, bener jeung pinter tur juuh
> rezekina, amiin...
>
> ningga kana pingaeraneun budak, tos aya nyaeta Muhammad Syaoqy ...... tah
> ari kaharang mah aya tambahan ngaran anu ka tiluna, ngan kuring jeung
> indungna budak can aya anu sapagodos, dsugana tuh aya baraya anu ha'at,
> masihan bongbolongan pingaraneun budak, anu loyog payus jeung nyunda jeung
> tong ngaran pasaran teuing nya!!!!, pan ngaran teh slaah sahiji du'an kolot
> jang budak na lin??
>
> aya anu tiasa sumbang saran, lamun aya nu alus(kecap jeung hartina) ku sim
> kuring rek di imbalan, yeun ngaran eta rek di pake...he he he...
>
> hatur nuhun,
> anu nuju kagunturan madu jeung kapurulukan menyan putih,
>
>
> ikmal sakulawarga
>
>
> 2006/5/10, totong usman <[EMAIL PROTECTED]>: Simkuring mah piduana
> wae, sing sehat, sholeh, tur dibarengkeun jeung
> rizkina
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
> Behalf Of ndoell
> Sent: Wednesday, May 10, 2006 8:39 AM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Kang Ikmal jadi Bapa euy...
>
> Alhamdulillah,
> Parantos lahir kalayan salamet, putrana
> Kang Ikmal & Teh Ani, tadi wengi tabuh
> 09.40, pameget, kasep jiga bapana, panjang 46cm,
> beuratna 2.7Kg, kalayan ngalangkungan operasi
> Caesar.
>
> Mugi-mugi sing sehat, sing janten jalmi nu soleh.
> Teh Ani-na mugia enggal sehat deui.
> Amiiiiin
>
> Kanggo Kang Ikmal,
> Wilujeng jadi Bapa..
> tong hilap meser Mie sakardus nu eusi 40 siki,
> dituang hiji tiap dinten, keur pangeling-eling.
> Salami eta Mie aya keneh, nya wayahna....
> heu...heu...
>
>
>
> -dul-
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
> Corporate culture Business culture of china Organizational
> culture Organizational culture change Organizational culture
> assessment Jewish culture
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> Visit your group "urangsunda" on the web.
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Get amazing travel prices for air and hotel in one click on Yahoo! FareChase
>
--
----------------------------------------------------------------------
AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
08128377662, 02193264068
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
---------------------------------------------------------------------
-Rssmart (sistem Informasi Rumah Sakit)
-McSmart (sistem Informasi Klinik), Smartbill (billing sistem),
Prosmart (property management billing system), mesin absen printfinger
Dan lain -lain
oge nami pesenan
- jeket kulit, sepatu, sandal
- JRR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

