----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 10, 2006 12:16
PM
Subject: [Urang Sunda] Ngadu Rahul
Ngadu Rahul
Turun tina beus eksekutip Entoy langsung puncat
pencet kana hapena. "Salamat siang, silpeur beud yah, pesen taksi
dong,persis didepan terminal rambutan!" Karek ge nutup
hapena, kurunyung taksi limosin kelir hideung meles,eureun
dihareupeun manehna. Entoy langsung ngajewang leungeun mang Adun anu masih
keneh hareugeueun lantaran sauumur nyunyuhun pitaks karek harita diajak jalan
jalan ka Jakarta. "Hayu mang, wang jalan jalan tea!" Sulusup duanana arasup,
cep hawa dijero karasa tiis, patojaiyah pisan jeung hawa diluar. "Bade angkat
kamana?" ceuk supir bari mencet kenop argo. "Ngurilingan jakarta!" jawab
Entoy. "Har geuning apal abdi urang sunda!" sambung Entoy heran."Katingal
we tina kumisna!" ceuk supir bari ngageuleuyeungkeun
limosinna.
Palebah bunderan Semanggi, curuk Entoy
bentik nunjuk hiji wangunan agreng. "Tah ieu teh paragi balanja kolor uing
mang, malahan mitoha nu boga plaza ieu,kungsi sajok dina pasawat jeung mitoha
uing basa mitoha balantik ka eropah!" ceuk Entoy teu euleum euleum. "Lain
jang, pan mitoha ujang mah wa Sukinta bandar gula tea lin?" mang
Adun heran, da ceuk pangrasana mitoha Entoy mah ngan ukur hiji hiji. "Ih
ari emang,ieu mah mitoha ti pamajikan uing anu cicingna diapartemen, Mang!"
ceuk Entoy malah tambah maceuh. Ngadenge kitu, panon supir ngarindat, aneheun
meureun lantaran omongan jeung tagogna jauh pisan bedana.
Ti bunderan semanggi, mobil ngagorobas kahandap
ka jalan sudirman,mang Adun ngan ukur bati cruk crek ningali wangunan anu
jarangkung tur aragreng.
"Tah bisi hayang nyaho, uing
kungsi digawe ditempat ieu, Mang!" Entoy nunjuk hiji wangunan
jangkung anu luhurna manclis kawas pulpen kalam.
"Baruk, ditingkat sabaraha, jang?"
"Ditingkat pangluhurna, malahan mun inget
kalembur sok ngahaja ngalangeu palebah mamanclisna!" Supir ngarindat deui,
angenna ngadadak harey.
"Aeh ari akang tos lami janten supir taksi teh?"
Entoy nyelang nanya ka supir.
"Nembe saminggu, ieu ge tamba kesel, da tina
hasil kontrakan ge asana mah langkung ticekap!"
"Ari kapungkur kantos nyepeng damel
naon?"
"Kapungkur kantos janten kusir, ngan kusabab
unggal narik sok dibekokan ku kuda, nya gentos pakasaban janten kasir, kitu
deui jadi kasir ge teu ceeh,da hariwang bilih buntut kasiran,nya antukna dugi
kaayeuna ngelola kontrakan!"
"Baruk gaduh kontrakan, didaerah mana
kitu?"
"Ah teu pira,di kalapa gading square dua
unit,bukit sentul lima unit, tah sakedap deui ngantosan tanda terima konci,
opat unit deui diapartemen diwewengkon casablanca!" ceuk supir teu eleh
geleng.
"Oh kitu, saleresna abdi ge gaduh, pami
dikontrakeun mah lumayan, ngan di culkeun we da teu aya nu
ngurus!"
"Di daerah mana?"
"Eta diwewengkon pondok indah, persis digigireun
imah inul pisan, atuh di plaza senayan tambi lumayan gaduh butik 2 elos,ari GI
shopping town nembe ge tatahar da ngabanguna ge teu acan rengse!"
Nepi ka bunderan HI, teuing kunaon mobil teh
ngan kukurilingan aya kana lima balikna. Entoy noel taktak supir bari pok
ngomong.
"Kang, nanahaon bet kukuriling kieu ieu
teh?"
"Punten, ieu lampu sen katuhu hurung terus, teu
tiasa dinormalkeun deui!"
"Har, coba atuh cetrekeun heula konci kontakna!"
Enya we, barang geus dicetrekeun mah lampu sen
teh paeh sorangan, terus disadakeun deui geuleuyeung maju deui.
"Tah mang, mun hayang asup kana tipi atawa
koran, pek geura gogorowokan didieu, terus naek kaluhur, geus diluhur heug
ajak sasalaman ka patung, atuh turunna kudu ngajleng tiluhur, pasti emang
langsung disiarkeun diheadline news atawa aya laporanana
didetikom!"
"Ah, sudi teuing, kuriak pejet we awak
emang !"
Sanggeus ngaliwat bunderan HI, mobil nyemprung
ka kalerkeun, palebah sarinah reg eureun da kacegat lampu merah.
"Mang, tuh itu teh paragi ngopi uing!" ceuk
Entoy bari nunjuk tempat ngopina eksekutip jeung selebritis nu pernahna aya
disebrangeun jalan.
"Naon da macana ge emang mah teu bisa jeung teu
ngarti!"tembal mang Adun bari melong tempat anu dituduhkeun ku
Entoy.
"Eta teh Starbuck tea mang,ngan kade
didinya mah ulah nanyakeun bubuy hui cilembu!"
"Hmm...teu nyangka emang mah, geuning ujang teh
dikota mah lain jalma belem belem, nongkrongna ge dina kitu!" Irung Entoy
kontan rebeh.
Sanggeus muter arah dihareupeun RRI, mobil
langsung ngenca nuturkeun jalur bus way arah pulo gadung, terus meulit ka
hareupeun setatsiun gambir,bras kahareupeun monas.
"Hanjakal ayeuna keur ceudeum, mun keur panas
mah loba nu mawa nyiru dihandapeun monas teh, Mang!"
"Nya keur nanahaon kitu, Jang?"
"Pan ari keur panas mah emasna teh sok leeh, tah
mun nyurucud kahandap gancang ditarandean kunyiru!" mang Adun percaya we
sanajan omongan Entoy loba nu teu asup kana uteuk.
"Tah mun ieu, istana persiden tea, Mang!" ceuk
Entoy basa taksi nu ditumpakanana ngaliwat kahareupeun istana.
"Euleuh enya we nya meni agreng,ieu teh paragi
gogorowokan oge, Jang?"
"Enya mun nek nyoba pek we meungpeung kadieu,
nek ngagorowok gemuk mahal meunang, nek ngagorowok jalan ruksak meunang,
subsidi jeung ra'yat miskin hayang ditaekeun meunang, pokona nek curhat
ge meunang!"
"Heueuh nya, kira kirana mun emang gogorowokan
didieu bakal dititah asup, moal nya?"
"Ah duka teuing, kacuali emang ngajirim jadi
cai, najan asup tur teu menta idin samemehna ge moal ditangkep!"
"Hmmh ..mun kitu mah susah nya tepung jeung
gegeden teh, mun bisa patepung mah hayang pisan curhat, loba pisan nu nek
ditepikeun!"
"Punten ari ayeuna bade teras kamana?" supir
motong obrolan.
"Saleresna mah seueur keneh jugjugeun, ngan
geuning waktuna samporet pisan, ayeuna mah kambek deui we ka terminal!"
ceuk Entoy bari ngarindat kapalebah argo, hatena ujug ujug
tagiwur.
"Har lain nek nyimpang ka apartemen bari
sakalian ngalongok istri ujang nu ngora!"
"Puguh keur suwung, kaparengan geus tilu poe ka
singapur nyiar bumbu dapur!"
"Ka imah ujang nu gigireun imah inul tea
atuh,sugan we papanggih jeung inul!"
"Lain teu hayang mang,puguh imah inul teh kiwari
sok aya nu ngademo, lantaran nolak RUU APP, jadi mun kadinya sieun
kabalerang!"
"Atuh mun kitu mah daripada tebih tebih ka
terminal deui mending naek kareta we ti gambir, pan caket tidieu!" ceuk
supir mere ideu.
"Sanes nanaon kang, ari naek kareta teh can
arapal ka kenekna!" dikitukeun, supir jeung mang Adun papelong pelong teu
ngartieun.
Antukna mobil ngadius muru terminal rambutan
deui, ngan sakolepat geus nepi kanu dituju.
"Sabarahaeun kang, ongkosna?"
"205 ribueun!"
"Teu salah eta teh, boa make argo kuda
nya?"
"Moal atuh kang,ka sasama urang sunda moal tega
kitu, puguh ku abdi ngahaja make argo kuya, meh teu mahal
teuing!"
"Aduh kumaha nya!" Entoy semu nu bingung, da
geus ka uji duit nu aya dina dompetna ngan ukur saratus rebu
rebuna.
"Mang, boga sisimpen teu?" Entoy
ngaharewos.
"Boro boro Jang, boga ladang gacong ge pan
langsung disetorkeun ka pamajikan!" tembal mang Adun sorana kadenge kamana
mendi,lantaran teu bisa ngaharewos tea.
"Kieu we atuh
kang, ieu mah tamada we duit teh aya saratus rebu rebuna tah sakurangna
cekel ieu ktp, isukan pageto ku abdi ditebus!"
"Ari teu aya uang cash mah, nganggo auto debet
we atuh!" ceuk supir bari rikat ngasongkeun paragi ngagesekna.
"Aduh punten,kaleresan sadaya kurta kartu katut
dompet dompetna, ka rendem ditempat londri!"
Dalah dikumaha, najan bari jeung
kesel,supir kapaksa nampanan ktp anu diasongkeun ku Entoy. Hatena sok
ngadadak medenghel mun ras inget deui ka omonganana anu ngabusah
sapaparat jalan,masih keneh nongtoreng Entoy kungsi nyabit nyabit, imah
inul,plaza semanggi, starbuck,apartemen,gedong manclis, balanja ka singapur.
Sabalikna manehna ge sok nyenghel sorangan mun ras deui ka
kecap kalapa gading square, bukil sentul jeung apartemen nu aya di
casablanca. Mun dipikir pikirmah enya sarua gejulna.
Biur taksi indit,dijajapkeun kupaneuteup entoy
jeung mang Adun,lila lila ngiles kateureuy ku macetna kota
jakarta.Sanggeus taksi teu katingali deui,pok
mang Adun ngomong semu nu hariwang.
"Jang Entoy, mun kitu mah kumaha atuh ongkos
jang balik kalembur?"
"Tenang we mang, ke wang neangan beus anu kenal
kenekna, ayeuna mah hayu wang ka warteg heula, pan geus lapar
lin?"
"Har ari jang mayarna?"
"Gampang eta mah, ieu aya ktp tilu
siki deui!"
SR ( ieu mah etang2 ngareuah reuah tur ngiring
bingah ka nu nembe janten bapa he he)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS