Bagea Baraya sadaya....
Lain "bagea" atuh, "haturan" (atawa sabangsana meureun...)
Abdi sakulawargi ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos ngadorong ku du'a sareng motivasi, terutamina teh Netty, kang Ndoell miwah garwana, anu teu kendat-kendat masihan dukungan moril dina saminggon abdi sareng pun bojo raraga ngabageakeun si utun....
Hih... teu apal2 geuning uing mah... heuheu...
ti mimiti ping 4,5 Mei sim kuring ngajukeun cutiw, maksudna mah rek ngajieun KTP pedah kadaluarsa ti bulan maret mula, jeung deuih di Jakarta keur usum operasi Yustisia, Beu......
Hih... bet sarua... uing ge sok hemar-hemir ari balik ka kos teh... matakan ayeuna mah mimindengna hees teh di kantor we... maturan komputer...
tah ayeuna, tos lubar jeung rengse, tinggal bagjana....ayeuna sim kuirng jeung jikun meunang amanah kudu ngaping ngajaring si utun sangkan mulus rahayu berkah salamet, di dunya tug dugi ka aherat, abdi sakulawargi neda pidu'ana snagakn tiasa ngajaga sareng ngaping amanah anu tos dipasihkeun ku Gusti Allah ka kulawarga abdi. jeung jang si utun neda pidu'ana mugya sing soleh, cageur, bageur, bener jeung pinter tur juuh rezekina, amiin...
Aaamiiiin... Wilujeng nya, Aa (heuheu...) Ikmal & Ani. Ngiring bingah...
ningga kana pingaeraneun budak, tos aya nyaeta Muhammad Syaoqy ...... tah ari kaharang mah aya tambahan ngaran anu ka tiluna, ngan kuring jeung indungna budak can aya anu sapagodos, dsugana tuh aya baraya anu ha'at, masihan bongbolongan pingaraneun budak, anu loyog payus jeung nyunda jeung tong ngaran pasaran teuing nya!!!!, pan ngaran teh slaah sahiji du'an kolot jang budak na lin??aya anu tiasa sumbang saran, lamun aya nu alus(kecap jeung hartina) ku sim kuring rek di imbalan, yeun ngaran eta rek di pake...he he he...
Kumaha mun "Nandar"? Bisi we kabita ku ngaran uing... heuheu...
--
nandar
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

