kuring, nu sok disarebat ku anak buahna Pa AB. Poe kamari di
lingkungan kantor kuring ngayakeun acara pelepasan "purna bakti" Pa
AB, nu pangsiun di bulan kamari dina yuswa 65 taun. Pa AB dianggap
gede jasana dina ngagedekeun hiji institusi riset di Indonesia, nu
matak diayakeun acara pelepasan. Sabenerna kuring dimenta tulisan
kenang-kenangan keur Pa AB ku panitia sabab kuring dianggap "deukeut"
jeung anjeunna. Tapi kuring nolak, lain kunaon-naon, sieun tulisan
kuring teu obyektif, sabab kuring babarengan jeung pa AB geus leuwih
26 taun. Keur kuring Pa AB teh "istimewa" pisan, sabab anjeunna nu
nulungan jeung ngadorong kuring, dina nyanghareupan sagala karuwet
hirup, pangpangna mah dina nyanghareupan waktu kuring ngalaman
di "black-list" ku rezim Orde Baru, kulantaran kuring dituduh aktivis
mahasiwa nu hayang nurunkeun Soeharto di taun 1978 (padahal sumpah
henteu, kuring mah mahasiswa kuper, baroraah bisa pidato jadi orator,
tapi ari ngilu ayeuh-ayeuhan, enya, da resep diudag-udag
tantarana ....hehehehe).
Pa AB teh urang Jawa, tapi geus lila cicing di Bandung, ti saprakna
kuliah di Bandung. Sifatna tegas jeung keukeuh kana prinsip. Pa AB di
taun 1965, kungsi di skor ti ITB, dua taun teu meunang neruskeun
kuliah, kulantaran keukeuh peuteukeuh kana prinsip yen Bung Karno teh
teu bisa kitu wae dijejeleh. Ceuk beja mah anjeunna diskor bareng
jeung Guntur Sukarnoputra. Keur jadi Ketua Himpunan Mahasiswa jurusan
oge, Pa AB boga prinsip, yen plonco-ploncoan ka mahasiwa anyar euweuh
gunana, ku manehna diganti jadi "masa Perkenalan". Ide ngahapus
plonco-ploncoan, ceuk cenah mah mimiti di Indonesia.
Waktu kuring mimiti digawe, di awal taun 1980'an, Pa AB geus jadi
Direktur. Anjeunna nu ngabejaan yen kuring di black-list, jeung
anjeunna nu ngajamin kuring supaya tetep digawe ngilu jeung anjeunna,
sanajan kuring teu bisa jadi PNS. Harita kuring kaget, sabab kapala-
kapala kantor sejen mah, nitah kaluar digawe ka pagawe anyar, nu di
black list teh. Ceuk anjeunna teh :" Ieu mah sarua we jeung maehan
harepan budak ngora, lamun daek, tetep digawe didideu, keun saya nu
ngajamin".
Terus terang, kuring ngahargaan pisan kana "kawani" anjeunna dijaman
jalma sarwa sieun kunu kawasa di Jakarta. Jaminan anjeunna lain
ukur "cariosan". Kuring dibere pagawean nu tadina
padamelan "profesional" anjeunna dina widang anjeunna. Padamelan ti
kolega-kolega anjeunna, "dialungkeun" ka kuring. Akhirna lumayan
kuring bisa hirup, sanajan status pagawe kuring henteu jelas, duka
pagawe, duka usaha "kaki lima" ....hehehehe
Pa AB di instansina dihormat pisan. Ceuk sarerea oge aya "simaan"
cenah. 15 taun anjeunna jadi Kapala salah sahiji Pusat Penelitian di
Bandung. Teras ngalih ka Jakarta, diangkat jadi pangkat nu langkung
luhur deui, tapi dina widang sanes, dina panalungtikan elmu Sosial.
Geunjleung ......sabab aya urang eksakta mimpin elmu sosial. Salah
saurang inohong elmu sosial ti UI, tepi ka nulis artikel dina
Kompas, moal enya cenah aya urang eksakta mimpin para panalungtik
elmu sosial. Waktu ku kuring ditanya masalah ieu, Pa AB ukur
nyerengeh, " Keun saya diajar deui, diajar ngadengekeun jeung
ngahargaan pamandegan batur".
Anehna, sanggeus Pa AB eureun jadi kapala di dinya, loba nu
nyebutkeun yen kantor-kantor eta teh, jadi alus, puguh manajemenna,
teu awut-awutan. Pangkat jeung jengjang para panalungtikna jadi
beres. Waktu Pa AB jadi kepala didinya, aya salah saurang staff
Panalungtikna diangkat jadi Menteri ku Gus Dur. Waktos nguping wartos
eta, harita kuring jeung anjeunna keur di Bontang. Anjeunna nyarios
bari seuri jeung reueus: "Seminggu yang lalu dia menghadap saya,
besok-besok saya yang dipanggil dia"
Pa AB akhirna nyepeng jabatan Sekretaris Utama lembaga panalungtik,
dugi ka pangsiun. Jalmina basajan, sanajan saumur-umur janten
pejabat. Teu aya sifat makmak-mekmek. Seueur pilucueun lamun urusan
dina artos. Anjeunna rada "teu ilahar" jeung umumna PNS. Umumna PNS
kenging artos tina sesa perjalanan Dinas (SPJ). Tah ari Pa AB mah
sesa SPJ teh sok dibalikkeun deui ka bendaharawan. Nu keukeuleuweuhan
bendaharawan, sabab nganggap artos moal balik deui, ari ieu
dibalikeun, jadi rucat-racet pembukuanana. Honor oge kitu, Lamun aya
proyek, biasana pejabat nu diluhur, sanajan henteu icikibung oge sok
kabagean "perelekna" (atawa malah pangageungna). Tapi Pa AB, lamun
aya nu ngasongkeun artos kulantaran anjeunna pejabat, langsung nolak
bari nyereng :"saya tidak ikut bekerja, kenapa saya diberi uang?".
Seueur keneh pangalaman jeung Pa AB teh, ah .....bisi barosen. Kamari
saentasna acara pelepasan, kuring nempo tina jandela, Pa AB jeung
ibu, mulih ka bumina, lalebet kana mobil anjeunna, mobil deum ti
kantor nu dipeser ku anjeunna, Sedan Corolla bodas taun 1986. Geus 20
taun eta umur mobil teh, tapi masih ngagurilap, da cenah ceuk
anjeunna dielapan jeung dikumbah ku nyalira ampir unggal
dinten .........
Baktos,
WALUYA
NB. Bumina Pa AB di Jl. Tubagus Ismail kungsi dianggo "kongres"
Kusnet dua kali, diawal-awal mimiti aya Kusnet.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

