haturan mang...
 
aya sakedik kateupanujuan, maksad teh benten pendapat. ari cek si kuring mah dua-duana kudu dipadungdengkeun nepi ka beres. saperti kasauran bah (nurutan mh ah) ajip cenah sajarah urang sunda baheula mah teu kuat pondasina, teu wedel, sabab teu didasaran ku data-data sajarah nu otentik jeung diakui sabagai bukti nu kuat. saperti carita perang bubat jeung saha-sahana prabu siliwangi, dua carita ieu dikenal wungkul tina leluri, legenda, carita pantun sunda jst, lain tina prasasti atawa model lianna.
 
hiji bangsa sanes kudu gaduh sajarah, pan cek cenah ayana hiji bangsa kabeungkeut ku ingetan kolektif nu sarua, harti ingetan pan panginten kajadian nu atos-atos. halah ngabejaan bulu tuur jigana mah yeuh :D
 
sakitu we, punten da pasti seueur nu salahna...
 
sikuring,
 
dh
 
On 5/17/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enya lah, mendingan madungdengkeun siga kieu, nu matak
bisa ngagedekeun pangharepan, tibatan madungdengkeun
rasis jeung perang Bubat. Ku ayana kang Yogi (oge kang
Yaya, kamana yeuh tara aya wartosna), sugan wae atuh
sacara psikologis "termotivasi", Urang Sunda
(Indonesia sacara umum) teh geuning palinter.

Jadi inget tatangga  di RT kuring, batur damel kang
Kumincir di Eijkman. Disakolakeun di Walanda dina
widang mikrobiologi, sabada lulus S3 (predikatna cum
laude), "bosna" (Prof.Dr. Sangkot Mardjuki) masihan
nasehat wijaksana, tong waka balik ka Indonesia,
cicing jeung gawe heula wae di walanda, ke mun geus
wancina meunang balik ka Indonesia. (ieu beja teh
dicaritakeun ku kolotna ka kuring). Tapi aya bahayana,
naha bakal daekeun balik deui ka Indonesia, soalna
bulan Juni ieu, rarabi jeung urang Walanda.

baktos,

mrachmatrawyani

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke