Sanes kang Edi, Raja sunda nu gugur di bubat teh nyaeta Prabu Lingga Buana, nu disebat dina naskah Wangsakerta ku sebatan Prabu Wangi kusabab tos ngawawangi ka tatar sunda ku jalan belapati mertahankeun harkat jeung martabat. Ari putrina namina Rieke Dyah Pitaloka atawa Citraresmi.
pun aki
Edi Mantawijaya <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Kang bade naros, eta dicarioskeun raja sunda sareng putrina kawon di bubat, maksadna raja sunda teh prabu siliwangi atanapi sanes, punten manawi abdi mah da awam he..he..
Kang upami buktos daerah bubat abdi kantos ngadamel seratanna, upami teu hilap data sareng potona (Foto daerah BUBAT) aya di Pak Aan Merdeka Permana (GALURA) cobian wae, eta daerah buat ayana di perbatasan jawa tengah jawa timur langkung jentremah mangga wae sumping ka galura, tepangan Pak Aan Merdeka Permana anjeuna leubeut dongengna, wilujeng".
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of kuncen kasep
Sent: Thursday, May 18, 2006 9:53 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] KUMAHA YEUH GAJAH MADA AYA TI IPEBE
kalakay jasinga <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Dina koran bogor aya tulisan ngeunaan Maha Patih Gajah Mada, eta tokoh
teh bakal dijieun sineron nuansa sajarah nya ari tempatna mah di
kampus IpeBe. Jeung deui naha wawanian nyiuen sineron Gajah Mada di
Bogor, da euweuh jujutanna GM jeung Bogor mah, naha ieu jelema lieu
kituw. Eta sinetron teh diluluguan ku Ferro Hariandi, mun teu lepat
mah baheula kungsi diajakan ku Mang Eman Sulaeman ningali shooting
film teuing judulna poho deui nu diluguan oge ku manehna malihan mah
Kang Hendra kungsi jadi ponggawa dina sineron basa eta oge. Cenah ieu
filem GM teh keur ngalempeungkeun sajarah nu utamina mah permusuhan
abadi antara Sunda Jeung Jawa akibat GM tea. Jeung deui cenah aya
salah tafsir ku walanda keur ngadudombakeun Sunda Galuh jeung
Majapahit. Jadi reus ingeut basa jabung tumalapung di Padepokan
GiriSundaPura jueng Ahli Arkeologi ti UI nu diluluguan ku Kang Agus
Aris munandar di sarengan ku Kang Mumu, Kang Didit jeung Kang Jaya ,
teu hilap Pak Inochi, Kang Hendra , Kang Maki jeung rengrengan
volunter ti Hanjuang Bodas Bogor basa ngaprak ka kabuyutan(situs) nu
saur kang Agus mah eta kabuyutan teh leuwih gede tibatan Gunung
Padang.
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

