Hebat tah budak teh!
Pami aya soft file makalahna,kintunkeun di milis
KUSnet. Pasti lah tiasa. Tibatan milarian soft file
abstrak na para doktor US anu tos moyan dina widangna
masing-masing, mending urang "ngagedekeun" calon-calon
bibit unggul.
Lamun prestasi sakolana konstan mah tiasa lebet PTN
ngalangkungan jalur PPKB (Porgram Pemerataan
Kesempatan Belajar) heunteu kedah tes SPMB (Seleksi
Penerimaan Mahasiswa Baru).
Lamun budakna minat sakola di MIPA UI, kuring tiasa
ngabantosan masihan informasi.

baktos,

mrachmatrawyani


--- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ngarana teh Juniar Jam'ah.
> Ngan katelahna mah Niar we. Awewe cangker kelas 2
> SMU di pasisian Garut.
> Pasna: Siswa SMU I Cisurupan. Teu pati loba anu
> wawuh ka manehna mah. Paling
> kulawarga jeung sababaraha urang batur ulina.
>
> Ngan kamari ieu, ngadadak manehna jadi siga artis
> bin selebritis tea. Hal
> anu nyababkeun kituna teh, nyaeta ku prestasina
> nulis karya ilmiah antara
> SMU sa-Jawa Barat. Makalah anu ngan 6-7 halaman teh
> dijudulan rada putis:
> "Atom di Tangga Ruhani".
>
> Eta budak kamari ka imah. Mondok dua peuting. Libur
> UAN, cenah. Kuring
> reu-eus pisan, nalika pun biang wawar yen eta budak
> geus juara. Salian ti
> meunang hadiah anu gedena Rp. 200.000, oge
> diharatiskeun sagala rupa bayaran
> ku sakolana tepi ka tamat SMU. Meungpeng di imah, ku
> kuring dititah
> presentasi deui we. Sabab panasaran ku eta Judul
> paper teh.
>
> Sanggeus ngarenge sababaraha menit. Tetep we hese.
> Sabab manehna
> ngacampurkeun fakta-fakta fisika jeung kimia make
> paninggali (perspektif)
> filsafat jeung tasawuf. Nalika didesek, buku naon
> anu dijadikeun "pisau
> analisis" teori eta teh? jawab manehna, Nu kahji
> buku Falsafatuna karya M.
> Baqir Sadr, buku2 M. Iqbal jeung Harun yahya.
>
> Teu wudu kuring rada ngagebeg. Sabab basa harita
> kuring diajar filsafat,
> maca eta buku teh hese. Ari ieu budak, malah geus
> bisa make eta elmu jang
> meupeuskeun teori fisika! Kuring ngamafhum, mun eta
> budak akhirna make
> metode burhani a la Ibn RUsd sabab, nya kitu tea,
> SMU di kampung mah euweuh
> lab na! Jadina olah fikir anu dipake. Untung we
> buku-buku kuring loba keneh
> anu tinggaleun di lembur, jadi we bisa dibaca ku
> manehna.
>
> Ngarana Niar (bae sebut we kitu),
> Teuing kumaha ka hareupna. Hayang ITB cenah. Jadi
> panasaran kana fisika.
> Enya jug we ceuk kuring teh. Da ari boga pangabisa
> mah, moal hese ka mamana
> oge. Hiji hal anu rada panasaran, kuring hayang maca
> makalahna. Da ngarenge
> langsung mah, keukeuh we hese. Ma'lum, teu kungsi
> diajar fisika jeung kimia!
>
> Ngarana Niar. Anu keur leutik keneh mah, siga lalaki
> pisan. Kaulinana kabeh
> siga lalaki. Ayeuna geus SMU, make tiung gede da
> aktivis Rohis, cenah. Tapi
> ari olah raga masih keneh basket. Atuh manehna teh
> jadi hijina awewe (bari
> ditiung deuih) anu maen basket. Padahal batur maena
> lalaki wungkul.
>
> Tantan
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke