najan sunda teu kawas majapahit, atawa babilonia--- tapi di henteu2 ge boga sajarah, tah sajarah nu ieu -sunda- nu kedah diaos deui, lantaran nepi ka ayeuna peer sajarah sunda can kabolekerkeun sacara gembleng...nya eta mah pasrahkeun ka ahlina...
atuh warta2 nu dina peer, galura, mangle jsb pami eusina hasil nalar nu leuwih jero, nya teu nanaon.
pan saha nu terang mun mah US aya nu tiasa basa yahudi, inggris, arab jsb..pan mun ditransper kana basana sorangan, naha moal nambahan pinter?....
jalan tengahna nyaeta bacaann US kedah seuer referenna teras dibahasakeun ku basa kaomna, sanes kitu?..
memang enya nu mutahir ayeuna basa inggris, memang leres. pokoke kedah seuer referenna wee lah. budaya barat ge mun tanpa referensi timur/ arab nya tangtu moal siga kawas ayeuna...
maca kana sajarah kedah maluruh teu tiasa parsial. sunda geus cukup boga
ajen, ngan problem ayeuna can tiasa "ngamekarkeun" ajenna.
sakieu hela ah hehe..
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wengi Teh Ana,Kenging ngiringan? komentar sareng sababaraha catetan singget wae:1) Ieu seratan salira anu tiasa kaetang peta intropeksi diri, kalintang ageung ajenna. Langkung ageung deui ajenna, upama diteraskeun ku lengkah kongkret lajuninglakuna (follow up-na). Upamana wae, lengkah revitalisasi budaya anu diperlukeun pikeun transformasi budaya Sunda anu ku salira dikritisi2) Ti bangsa Israel/Yahudi memang seueur pulunganeunana. Namung enas-enasna ajen-inajen anu dicepeng ku maranehna asana lain turutaneun.Dina lebah konsep, sakumaha anu diserat ku Max I. Dimont, salah saurang penulis sajarah kondang katompernakeun ayeuna, bangsa Yahudi, memang aya pulunganeun anu kalintang ageung ajenna. Dina buku "Jew, God and History", Dimont ngasongkeun cara anyar enggoning diajar sajarah. Ceuk inyana, anu penting dina ngimeutan sajarah teh taya lian ti falsafah sajarah. Yen, sakumaha basajanna hiji bangsa anu kungsi kacaturkeun dina waktu jeung rohangan sajarah, sok komo lamun masih keneh aya dikieuna, tangtu eta bangsa teh mibanda ajen-inajen poko cecekelan hirupna. Upama ieu ajen-inajen poko teh leuleus dina ngigelan jeung ngigeklkeun jaman, tangtu eta bangsa mibanda kasempetan pikeun hudang tur ngarebut kajayaanana deui.Ceuk panoong si kuring, dina sababaraha bagian, ajen inajen anu dicekel ku bangsa Yahudi ayeuna memang kaasup leuleus. Ngan, lamun ditoong sagemblengna, rada rapuh alias moal pililaeun. Anu moal pililaeun teh eta lebah ngahalalkeun sagala cara-dapon rasional - pikeun ....teu aya lian, ngadegkeun deui cita-cita zion maranehna: nagara Israel. Bukti-bukti pikeun hal ieu geus sakitu ngaleuyahna, teu kudu diguar deui di dieu. Kukituna, kusabab ajen-inajen anu ayeuna dicekel teh papalimpangan jeung rasa kamanusaan, mangka geus tangtu hal eta lain ajen-inajen anu leuleus keur saterusna.3) Lebah dongeng rakyat Sunda, sakadang Peucang jeung sajabana, diulah-ulah ge eta titinggal budaya anu realitasna aya di masyarakat. Ieu hal anu kaasup ajen-inajen budaya teh nya kari diropea wae, atawa direvitalisasi tea. Lain ari ajen-inajen budaya teh teu jumud? Aya anu kudu di-delet, di-fill in atawa ditransformasikeun. Anu penting ayeuna, taya lian ti revitalisasi budaya tea. Hiji lengkah anu sok mindeng disebut balik deui ka budaya sorangan teh enas-enasna ngandung 3 lengkah. Anu kahiji: neuleuman ajen-ajen budaya kalawan anteb nepi ka kacangking pamahaman anu jero. Kaduan, sosialisai jeung ngarencanakeun kahirupan masyarakat dumasar ajen-ajen inajen anu geus kacekel jero-jerona sacara babarengan. Anu katilu: ngawujudkeun kreativitas budaya pikeun ngawujudkeun lengkah kahiji jeung kadua. Balik deui kana budaya sorangan enas-enasna mah taya lian ti kreativitas budaya tea.4) Lebah kapercayaan ka luluhur anu can tangtu bener di Sunda, asana lain di Sunda wae. Bangsa Yahudi anu ku salira dicarioskeun oge lain ngabogaan "tahayul-tahayul" model karajaan-karajaan Sunda? Eta lain anu samodel "batu ratapan", jeung sagala rupa anu pakait jeung "dongeng" kudu baralik deui ka Palestin, apan ceuk bangsa anu lian mah eta teh hongdul wae, alias nya bohong nya wadul, sanes? Kukituna, dina nyanghareupan hal-hal sarupa kieu, lengkah revitalisasi -balik deui - diperlukeun kacida. Hayu atuh, urang kotektak wae naon sabenerna ajen-inajen anu bisa digunakeun pikeun ngigelan jeung ngigelkeujn jaman tina "dongeng-dongeng" raja jeung karajaan Sunda teh. Upama langsung nyokot lengkah "radikal", ngamomore "kapercayaan" anu nyampak di masyarakat, tangtu lain lengkah anu hade. Sabab baris pagedrug. Mmang, diperlukeun lengkah anu lantif dina usaha transformasi budaya teh, kaasup transformasi budaya Sunda.5) Asana, lengkah bangsa Cina leuwih pikabitaeun pikeun diturutan, sok sanajan, sarua ieu oge, teu sagemblengna buleud. Bangsa Cina, anu lain cokoteunana, eta sigana, ngamumusti teuing kana rajakaya nepi ka sagala rupa dihalalkeun. Anapon anu hade ti bangsa Cina diantarana: rajin, giat jeun soson dina digawe, tur teu gampang putus asa. Lebah dieu, anu tinggalkeuneun /anu dipahing pisan ulah dilakonan di Sunda nyaeta, diantarana: pundungan, humandeura, kukulutus, jeung babarian.cag heula,baktos,manAR
On 5/20/06, ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Wilujeng wengi Jang Ono,Orang sunda ti leuleutik geus diajarkeun bohong, wadul, cheating atawa tukang tipu, sabab tileuleutik geus dibere dongeng peucang nu licik, anu gawena nipu, akibatna seueur urang sunda loba ngimpi, gawe hayang ngeunah (sautik) gawe bari hasil hayang mokaha, malahmah hayangna dibere wae, tah ieu kabawa nepi kagede, komo lamun geus jadi inohong beuki mokaha, korupsi digedekeun, kitu oge hayangna dibere kurakyat (persis baramaen), etawe contona anggauta DPR pelesir dibayaran ku rakyat (teu matut pisan), atuh lamun ngahutang sok ngajeblug.Tah impian ieu oge kabawa kapendidikan, orang sunda lamun hayang sakola luhur teu boga duit lumpatna ngajual sawah (lain ngajual hasil sawahna), bedakeun jeung orang China atawa yahudi, lamun teu boga duit, manehna ngabelaan kuli ari (kerja keras) jadi naon wae.Impian sakadang peucang ieu terus kabawa ku kebanyakan urang sunda, matakna loba urang sunda daya nalarna jadi rendah, etawe contona loba nu katipu ku investasi semu (masih emut di pertanian di sukabumi), oge loba urang sunda ngilu-ngilu multi level marketing anu jelas-jelas bisnis teu asup akal (unsur cheating na jelas), komo kunu sok ngagandakeun duitmah, orang sundamah makanan empuk.Kitu deui loba dongeng bohong anu diajarkeun kabarudak, anu ngajadikeun agul ku payung butut, sok we dicaritakeun sajarah sunda nu aheng contona pajajaran, atawa karajaan galuh pakuan atawa sumedang larang jeung sajabana, padahal eta karajaan sabenerna kerajaan anu laleutik anu euweuh urut-urutna acan, paling ditunjukan candi cangkuang, anu ukuranana mah paling urut parukuyan atawa siduru. Sok bandingkeun jeung Majapahit atawa Babilonia atawa Macedonia (The graet Alexander)anu dibutkikeun ku fakta sejarah anu nyata, kakuasaan nepi kamana, komo contona Mesir-mah nepi ka ayeuna masih aya patilasanana (Piramid), tah lucuna kolot-kolot baheula asa agul ngadongengkeunana malah kungsi aya anu bisa jadi profesor sagala. Lamun bener-mah urang sunda pinter sajarah sok atuh paluruh anu bener ieu sejarah supaya ulah jadi dongeng, anu aheng deui hiji ngaran rajana dipakai simbul deuih.Tong kagetnya, lamun urang sunda teu merobah pola pikir, dina sapuluh atawa dua puluh tahun deui pas pemilihan kepla daerah Jawabarat pemenangnya Mr. Lee Chin Chau kelahiran Purwakarta ............. Lihat walaupun dia etnis China, tapi dia lahir dan dibesarkan di Purwakarta, punya hak yang sama menjadi apapun di Jawabarat, dan dia akan didukung oleh China seluruh dunia.Atuh salejengna ditutup ku oleh-oleh ti teteh, tong seuseur teuing maos mangle, Galura, Gala atanapi PR, moal nambihan pinter, sok tambihan sumber informasina ku CNN jeung sajabana, atuh saena-na upami muka internet, lebet kana situs ilmu pengetahuan, supados pola pikir urang tiasa ngumbara, ulah situ VIVID anu dibukana-nya.WassANA.Kang Ono, anu kasep ulah bendunya, hapunten teh Ana anu geulis tea.Atuh upami akang nuju didamel di IKPT bagian teknikna sing leres-leresnya, siapa tahu nanti diperlukan untuk membangun Bandung, kalau bagian adminitrasinya mungkin di Bandung juga yang masih menganggur berlebihan.
[EMAIL PROTECTED] wrote:
Kahatur Teh Ana anu nuju ngumbara....
Abdi ngaraos reueus ngagaduhan baraya pinter jiga Teh Ana. Sok atuh enggal mulang deui ka Bandung, ka lemah cai Teh Ana. Geura baktoskeun eta elmu pangaweruh Teteh pikeun kahirupan tur kahuripan lemah cai. Pami Teh Ana di pangumbaraan nuju nyukruk elmu nyiar pangarti, diduakeun ku Abdi sing kenging anu munel, nu tiasa diaplikasikeun, henteu ngawang-ngawang. Sakali deui, poma Teh Ana tong hilap lemah cai nuju ngantosan pangabaktosna....!!!
Cag ah...
How low will we go? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Feel free to call! Free PC-to-PC calls. Low rates on PC-to-Phone. Get Yahoo! Messenger with Voice
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. sara raka
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. ana kristiana
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. sara raka
- [Urang Sunda] anggota anyar m_avianto
- Re: [Urang Sunda] anggota anyar reka gayantika
- Re: [Urang Sunda] anggota anyar yono
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. kumincir
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. dede mariana
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. mj
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. Duli Jeger
- Re: [Urang Sunda] ngawangun lemah cai. ana kristiana
Kirim email ke

