Wilujeng enjing oge the metz, upami ka Tsm nganggo beus ngabujeng enjing2 pasti jalur Cipularang, pilih beusna anu sae executif atuh, ti terminal Rambutan, didinya naroskeun wae ka kernek2 atanapi bagian penerangan, kahade katipu didudut-dudut cacandakan urang, kahade tong kersa. Biasana pilihan seueur pisan, margi sanes wae mung anu ka TSM, oge aya anu ka Banjar eta pasti ngalangkung sareng liren di terminal TSM Cilembang? Angkatna beus ti Jakarta paling2 tengah wengi?
 
UNSIL teh di palebah jalan cagak tilu di Padayungan hiji jalan ka Singaparna sareng hijina deu ka Sukaraja anu teras ka Cibalong, tersna ka Cipatujah laut kidul. Janten upami ti Kota mah pati ka UNSIL teh ka palih kenca di pertiluan Padayungan teh.
 
Angkotna teu apal nomer sabaraha na? Prinsipna asal ulah bosen tumaros bae pasti dugi. Ah Ulah "malu bertanya nanti sesat dijalan", alias kudu "bodo alewoh" nya??
 
Tapi di kota caket Rumah Sakit Umum oge aya Paguron luhur? sanes SMU1 tapi caket parapatan; da basa eta dua sasih kapengker ngalangkung di jalan eta teh meni macet kacida.
 
Oge di palebah Dadaha paranti maen bola, terasna eta jalan aya oge paguron luhur, UPI Priangan, tah didinya mah pun lanceuk Dr H Dede Nurjzaman anu ditugaskeun mimpin ku Rektor UPI Bandung. Ti dinya oge tiasa dugi ka UNSIL mapay jalan nyisi
ka palih kidul tidinya teh.
 
Sok lah wilujeng jalan2.

The metZ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kum sadaya, wilujeng enjing, mugi sadaya aya dina kaayaan sehat, amin…
Bade tumaros, kanggo nu terang lingkup tasik, dina minggu-minggu ayeuna abdi bade amengan ka tasik ka rerecangan anu nembean ngalih ka tasik.
-Upami un-sil teeh ayana di daerah mana nya? Cakeut teu ti terminal Cilembang?
-Upami abdi ti Jakarta, naek beus  tabuh sabaraha supados dugi ka Cilembang na enjing-enjing / subuh?
-Aya teu beus Jakarta tasik nu lewat tol cipularang?
 
Abdi terang tasik tehh mung terminal Cilembang sareng terminal Padayungan..
 
Hatur nuhun sateuacana, diantos inpo na..
 
Wass..
Awin
 


Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke