Alhamdulillah, hatur nuhun pujianana Kang Yani…duh, tong disamikeun sareng Kang Syam atuh…da abdi mah masih keneh “amatiran”, iseng we ieu ge ngalaporkeun pangalaman kamari…ssssttt…Bos abdi nuju kaluar kota janten jongjon we ngetik…heheh.

Leres Kang, jaman Orba mah baroraah tiasa kitu, meuni kedah haharewosan ari aya nu teu cop kana manah teh…beuuu…

 

Hihih, Kang Edi mah tiasa wae…kade bilih lepat Kang, abdi hobi nyerat tapi ari dipiwarang janten reporter mah…ampun…teu tiasa! (Ih, meuni GR nya!) Euleuh, kutan putra Kang Edi ge ngiringan? Pami terang kitu mah diwawarkeun panginten na podieum, nambut heula spekerna ka Gan SBY! Heheh….Alhamdulillah, sae pisan Kang, teu ngantunkeun netepan.

 

 

Duh, meuni sumpah sagala Kang Padjorad1 (punten teu terang namina) siga Pocong wae heheh…

Amiiinnn piduana… mugia enjing Salasa (saur na berita) mah pasualan runtah teh kedah tos beres. Persib sing kenging meh teu ribut wae di jalan. Abdi sing sehat nya kitu deui Akang, da naek Xenia bari teu damang mah teu puguh...

 

 

Neng Iva, abdi teh diajakan ku rai misan bari jeung telat ampir weh kaseepan! Sareng kaleresan nuju kabagean op (off) InsyaAlloh ke ngiringan deui pami aya waktos mah…nyaaa…tipada lena lenu di bumi teu pararuguh...mending lumpat, sehat & mangpaat.

Muhun na TiPi mah aya nu pupus, Innalillahi wa inna ilaihi rojiu…mugia sing dihampunten dosana, ditampi amal ibadahna, dicaangkeun jalana…Amiiin.

 

 

Hatur nuhun,

cr

 

 

 



>>> [EMAIL PROTECTED] 05/22/06 11:57AM >>>

 

Kabeneran kuring  miluan Gema Nusa nu diayakeun ku Mama Ajengan Abdullah Gymnastiar tea.

Mayar Rp. 10.000,- meunang kaos, nomor, panitih (lumayan urutna bisa dipake keur kudung) jeung iket hulu. Nya itung2 mecakan latihan nu sok dilakonan unggal Minggu, teu meunang lari ge atuh meunang “Hadiah Panto (Doorprize)” nyaeta Xenia & Ceria… pan aya pantoan kabeh ge lain? heheh….

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke