Abdi satuju sareng Mama Manar ngeunaan program milah-milah oge misahkeun sampah organik sareng sampah anorganik. Saleresna tujuan eta runtah dipilah-pilah teh taya lian supados ngagampilkeun proses 'pemprosesan' runtah saterasna, muhun naha bade di damel kompos (composting), diduruk (incineration) atanapi dikubur (landfill), sareng aya deui proses-proses nu sanesna. Sampah anorganik ngagaduhan karakteristik nu benten sareng sampah organik, misalna we sampah organik mah biodegradable, teu jiga sampah anorganik. Muhun ceuk basa sadidinten mah, sampah anorganik ngabogaan sifat hese diancurkeunnana....

Husus kanggo sampah organik, naha bade didamel kompos atanapi dikubur oge, numutkeun pamadegan Abdi mah teu masalah...
Atuh eta saur Mama Manar, biaya operasional kanggo ngadamel kompos teh masih ageung....Aaah gumantung proses na. Prosesna nu sederhana wee. Mung nya kitu syaratna eta runtah kedah tos dipilah-pilah organik sareng anorganik. Pami alatna ngandelkeun ka produk luar nagreg mah, tangtos mahal. Nanging, cobian weeeh urang damel nyalira alatna, insya Alloh beayana moal saageung sareng alat ti luar nagreg.

Dikubur oge, pami runtahna tos dipilah-pilah mah (janten sampah organik wungkul nu dikuburna), proses dekomposisina teu lami. Kitu deui proses pembentukan struktur taneuhna, supados teu labil, tiasa langkung cepet dibandingkeun pami eta runtah dua-duana (organik katut anorganik) dikubur. Da nu mangaruhan kualitas cai 'serapan' mah taya lian biomassa nu dihasilkeun lantaran proses dekomposisi sampah anorganik nu hese, duka tah namina naon eta biomassa teh, hilap deui....

Dina seratan Mama Manar dihandap, aya hiji hal nu janten emutan husus kanggo diri Abdi. Nyatana, ngeunaan ngarobih sampah organik janten pupuk NPK. Sakaterang Abdi mah, pupuk NPK teh pupuk majemuk tina Nitrogen (N), Posfat (P), sareng Kalium (K), didamelna tangtos tina bahan-bahan nu ngagaduhan kandungan N, P oge K seueur. Sedengkeun, sampah organik, seuseueurna kandunganna teh C, H, O sareng N....P katut K na mah mung sakedik. Janten pami bade didamel pupuk NPK, peryogi bahan baku tambohan kanggo suplai P oge K. Justru ieu tiasa ngajantenkeun biaya operasionalna janten ageung....

Punten ah, eta mah mung nyanyahoan weee....
Maklum nuju diajar.
*** Husus kanggo Mama Manar, Abdi nyuhunkeun conto proposal sareng gambar prorotipe mesin oge analisa beaya na. Pokona mah sagala rupi hal nu aya patalina sareng pengolahan runtah heuheuheu. Susuganan weee Abdi kenging inspirasi.....Punten pami ngarepotkeun. Hatur nuhun.



Baktos,
OTA
   


"oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

05/21/2006 09:52 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
[email protected], [email protected], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
Subject
[Urang Sunda] Visi Ngokolakeun Runtah (lain visi wae ketang, da geus aya disain teknisna, ngan....)





Baraya,
 
Hampura lamun ieu posting duplikasi jeung reply kana salah sahiji posting di milist urangsunda. Di dieu posting dibalikan deui kalawan sababaraha tambahan....Nyanggakeun:
 
------
 
Miceun runtah kalayan cara dikubur di TPA, eta ukur mereskeun masalah sawatara waktu. Ku sabab anu dumuk di Tatar Sunda, khususna Bandung, baris terus nambahan, boh ku reundeuyna katurunan atawa anu daratang ka Bandung, hiji waktu TPA anu anyar oge baris pinuh. Hal ieu kaalaman ku TPA Dago, Pasir Impun, jeung Leuwi Gajah. Bisa jadi, lamun nyieun TPA-na teu bener, kajadian musibah Leuwi Gajah kaalaman deui.
 
Bahaya sejen nyimpen runtah di TPA nyaeta kokotor tina runtah asup kana taneuh ngotoran cai taneuh. Leuwih bahaya, lamun TPA samodel kitu aya di tempat luhur jeung dina batuan anu carang (porous) siga batukeusik atawa batu kapur di Tagogapu-Citatah. Bahaya pisan keur cai taneuh di masyarakat di wewengkon sahandapeunana.
 
Ngokolakeun runtah kalawan diduruk oge teu pati hade. Salian ti boros bahan bakar, hartina boros beaya, oga aya kamungkinan haseupna ngotoran lingkungan hawa anu ku urang diperlukeun. Ngokolakeun runtah jadi kompos oge teu pati hasil jeung memang sacara konsep oge kompos teh masih nyesakeun masalah: hargana kawilang mahal (ongkos produksi masih gede) oge ongkos angkutna masih mahal, jeung dangongna teu pati dipikaresep ku patani. Patani leuwih milih gemuk kandang tinimbang kompos.
 
Ngongokalakeun runtah anu luyu jeung implengan miara lingkungan jeung sinergi ngaronjatkeun dunya tatanen, taya lian ti misahkeun runtah organik tina runtah an organik sarta ngarobah runtah organik jadi gemuk NPK super (lain kompos, da kompos mah masih nyesakeun masalah). Konsep ngokolakeun runtah sarupa anu akhir ieu, mawa kauntungan mangrupa runtah beak unggal poe kaserep ku pabrik, dihasilkeun gemuk NPK -organik super (nya kumplit sakumaha kaperluan pepelakan jeung murah) oge kauntungan sejenna (runtah an organik keur "pemulung", jrrd).
 
Nyakseni sorangan, proposal ngokolakeujn runtah siga anu bieu diguar geus kungsi katarima ku panangan pucuk pamimpinan/ pamarentaha pangluhurna di Jawa Barat. Oge kungsi katarima malah dibahas sagala rupa ku isntansi anu boga wewenang dina urusan lingkungan di Jabar. Hiji konsep anu geus aya rancangan prak-prakanana jeung balitungan kapantesan usahana buah karya urang Sunda pituin.
 
Hanjakal, sigana malati can lingsir ku wanci, campaka can ligar na mangsa, can kaparengkeun. Keun sugan ka hareup.
 
Ka para wargi anu aya minta ngusahakeun atawa ngarojong ieu rencana ngokolakeun runtah, mangga pariosan wae posting-posting sim kuring dina jejer sawanda di milist-milist [email protected] atawa [email protected] . Atuh bilih aya a u peryogi ku conto proposalna (anu dilengkepan ku konsep, contoh gambar-gambar prototipe mesin, jeung analisis biaya), mangga japri wae ka si kuring. Sagigireun ti eta, nyuhunkeun pidu'a ti sadaya, rehna aya ti kalangan Pamarentah anu haat bade ngulem sepuh anu nyiptakeun ieu rarancang ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK super, akhir bulan ieu duka awal bulan hareup.
 
cag.
baktos,
manAR


Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture



YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke