Assalamu'alaikum wr wb
 
  Kang Sadewa, numawi akang ge nuju nyucruk galur kanggo ngayakinkeun anu mana2 na,sapedah weh akang di amanatan ku pun aki kanggo neraskeun silsilah katurunan anu di ngawitan ti Prabu Ratu Galuh Manduraredja, waktos Nata maos nu taliti, aya nami ieu Dalem Dipati Ukur Suriadinata, putrana Kyai Dipati Ukur Anom,
teras di sagigireun nana aya kotak anu seratan di lebet na " Hajasari - Timbanganten" kumargi kitu akang panasaran aya dimana eta teh, margi teu di sebatkeun nami
kota na, kumargi kitu akang tataros ti ngawitan ayeuna ka wargi2 di Kusnet, anu ku sim kuring sadayana tos di anggap ngagaduhan pangalaman sareng katerang langkung ti sim kuring, sapedah eta weh akang maosan seratan2 nana ti sadayana, janten sim kuring teh ulah ngagugulung tong kosong , hoyong terang sareng yakin sajarah amanat ti pun Aki teh, ulah mung saukur apal hungkul, tapi hoyong terang dongeng sareng manawi aya wargi anu sami ti karuhun eta, atuh bagja pisan akang teh tepang anu teu di sangka2, saur kang Kumincir mah cenah Teh Neny, mudah2an bae atuh.
   Atuh ka sadayana anu parantos masihan informasi, akang mang rebu2 nganuhunkeun, tiasa di angge cukang kanggo akang maluruh na.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 22, 2006 1:52 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

kang nata,
 
aya galur ti timbanganten oge panginten nya?
 
baktos,
s4d3w4

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehehhe.....kalimat anu terakhir meni lucu........aya2 wae si akang mah.
Saleresna mah aya patali sareng silsilah karuhun ti pun Aki alm anu di wariskeun ka sim kuring kanggo neraskeun, margi saur anjeuna nalika
jumeneng keneh, saurna sa bisa-bisa teangan lanjutan sareng kapastian nana bisi euweuh anu nuluykeun sajarah urang ku maju na jaman,sareng
kaleresan kang Nata oge ayeuna2 parastos mulai resep kana sajarah, abong saur sepuh nya kaduhung mah tara ti heula, ayeuna tos yuswa kapala 4
nembe resep, coba mun ti kapungkur keneh nalika jumeneng keneh pun Aki ( Endih N ) sareng pun Uwa (H.Netty,S ) sigana tos ka cukcruk tempat2
palinggihan karuhun teh, kitu dongeng na kang Oman.
    Hatur nuhun tina informasi na, Insya Allah thn payun sim kuring seja ka lembur tur rada lami, janten seu-eur waktos kanggo ngayakinkeun nu mana2 na
ku jalaran tataros weh ka anu langkung terang.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Sunday, May 21, 2006 11:35 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Ieu nambihan we, sugan nambah lieur, hehehe.

Aya sababaraha wewengkon anu TEN-TEN-nan teh:

1. Garut: Desa Timbanganten, Kacamatan Tarogong Kaler Kab Garut. Ngan kabehdieunakeun katelahna jadi Desa Cimanganten. Aya carita rakyat di wewengkon ieu nu pakait sareng ngaran Karajaan Timbanganten, nyaeta dongeng Gunung Guntur ngabeledug. Ngan kuring teu apal, naha aya wewengkon Hajasari di ieu wewengkon.

2. Bogor: Kelurahan Harjasari, Kecamatan Bogor Selatan. Nu ieu mah teu aya x-TEN-nan.

3. Sukabumi: Di Sukabumi aya wewengkon ngaranna Desa Sagaranten. Di ieu wewengkon aya perkebunan Harjasari. Jigana mah nu ieu nu leuwih deukeut engangna.

Kanggo naon Kang Nata, di Ostrali milarian Timbanganten, aya urut papacangan jaman ngora kitu? Hehehe.

Salam,
mh

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari Timbanganten teh ngaran baheula keur kota/wewengkon Limbangan, Kab. Garut ayeuna. Si kuring henteu apal dimana persisna Harjasari, ngan moal nyalahan deui, tangtu di wewengkon Limbangan ayeuna.
 
baktos,
manAR

 
On 5/21/06, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres teu yakin, puguh....he he
Asa hawar-hawar nguping mung duka dimanana mah, soklah baraya......dimananya "Hajasari-Timbanganten" teh..?
Biasana kang Oman, kang Sidik, kang Mj, kang Hasan sok terang....atanapi nu sanesna.....Kitu kang Nata, dimana anjeun dumuk...?
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh ipeut.......
naha gening di ngawitan ku " upami teu lepat"...atuh teu acan yakin panginten....hhiihihihi....atanapi hilap deui panginten nya...?
teu sawios hatur nuhun pisan, atuh mamanawian weh aya wargi anu sanes anu tiasa ngayakin keun ka sim kuring.
Sakali deui hatur nuhun.
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 1:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

 
Wa'alaikumsalam.....
 
Upami teu lepat di daerah kabupaten Garut, manawi.......
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
    Ka sadayana baraya manawi aya anu terang daerah Hajasari - Timbanganten,
daerah mana nya eta teh ? nuhun sateuacan na.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke