nerangkeunana. Boa-boa dalit jeung rudi khaerudin
atanapi punten suhuna pisan!hahaha...sae...sae,
katampi pisan!
Lain eta tiasa capetang kitu...
Sok dipasihan ati manuk toed nya ku tuang Ibu keur
budak?
Kagok Edan:
Dituangna teh di saung ranggon ditengah sawah,
ngariung balakecrakan! Anu nganteuranana teh si kucrit
lenjang heug disamping jangkung...!Dunya teh nu aing
weh sugan mah!
Bagja pisan nya, meureun kitu oge!:-)
--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hayang lekoh mah kudu make cipati kentel.. geura
> coba kieu:
>
> 1. siksik daun tangkil. lamun kabeneran aya
> buahna teu kudu dipiceun,
> komo uceng na mah pelem.
> 2. potong dadu oncom (leuwih hade oncom gebleg,
> komo nu ti pasir
> reungit mah. ulah soteh oncom bandung :D)
> 3. potong dadu tempe.. kahade salah nyebut, komo
> nyanghareupan UJ mah
> bahaya.
> 4. potong dadu (deui-deui dadu, jigana mah nu
> nimu ieu sayur tukang
> sintir euy) waluh sieum. tong waluh nu lain da
> lain halowin.
> 5. pesekan suuk
>
> geus anggeus antepkeun heula. cara nyieun.
>
> 1. rendos, cabe beureum jeung uyah (ngarah teu
> leueur) geus lembut,
> asupkeun bawang bodas, jeung muncang. rendos sing
> lembut (deui)
> 2. parud kalapa, geus beres peres ala cipatina.
> nu pangheulana
> pisahkeun, jieun sina kentel. nu kadua jst. mah
> sok we sing nepi ka cangkeul
> meureusna.
> 3. hurungkeun kompor, leuwih afdol mah dina hawu.
> tagogkeun katel. cur
> minyak keletik (kana katel). tungguan nepi ka
> panas. tumis bumbu nu geus
> lembut tea. nepi ka seungit, asupkeun laja jeung
> jahe. geus kitu banyur ku
> cipati peresan kadua jst. tungguan nepi ngagolak.
> trus asupkeun suuk jeung
> sagala rupa nu dadu sarta buah tangkil jeung
> ucengna. tambah uyah gulana.
> asan mun kurang tambahan nepi ka pas.tungguan
> nepi ka asak. geus asak
> asupkeun cipati kentelna tungguan ngagolak. geus
> ngagolak terus asupkeun
> daun tangkil. teu kudu lila-lila asal geus layu,
> pasti asak!
> 4. sayur lodeh (meureun) asak. paling pelem mun
> dibaturan ku lauk asin
> sepat meunang ngagoreng. jeung sambel goreng
> tarasi. jeung kurupuk. komo
> lamun sayur lodehna meunang ngisukeun trus
> dihaneutkeun
>
> halah ngacaprak... kade ah resep diluhur kudu
> dititenan disaliksik heula.
> jalaran nu nyieunna tara masak. teu bisaeun masak.
>
> dh
> On 5/22/06, Peuyeum <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> > Pamanggih kuring, kang dudi....asa cawerang henteu
> > lekoh deui angeunna eh kadengena!:-)
> > Hade oge make "keun" leuwih ginding tur nyieun
> "hiji
> > ciri nu mandiri" ceuk iklan kecap asli sari di
> > radio-radio bandung baheula mah...eh "boga sari nu
> > mandiri" ketang....hehe
> >
> >
> > Duka upami ceuk ahli basa mah?
> >
> >
> > baktos,
> > P
> >
> > ------------------------------
> >
>
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.lembur deudeuh.:
> http://banjarasih.blogsome.com
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

