Wa'alaikumsalam wr, wb.
Haturan Abah joe...,
nami asli indung peuting teh Tien Kartini anjeuna ayeuna nuju ngumbara
di Surabaya ngiring ka carogena anu cepeng damel di TELKOM, ari teh
Tien na mah janten guru di salah sawios SMA negeri nu aya di Surabaya
(pami teu lepat mah SMAN 1 Surabaya kitu...)
sakitu sakaterang abdi ngenaan teh Ipeut alias indung peuting binti
teh Tien Kartini....hehehe.
ngalandih indung peuting teh pedah pami posting sok wengi bae
sakantenan bari midamel tugas sakola da ari siang mah pan di sakola...
pami aya riungan silaturahmi sapertos HBH Kusnet anjeuna sok rajin
ngiringan sanaos tebih ti Surabaya oge.

Hatur nuhun, punten kanggo teh Tien sim abdi tos kumawantun
mangwalerkeun patarosan Abah Joe.

"kkbm'69"
# incu Abah tea #
--- In [email protected], "S M Natapradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr wb
>
>    Punten bade tumaros ari indung peuting teh saha nami asli na...?
> piraku Nata nyebat indung peuting mah, hatur nuhun sateuacan na,
sareng perkawis padumukan sim kuring,
> Nata kaleresan aya di kota Sydney di propinsi new south wales,
alhamdulillah dugi ka danget ieu teh parantos
> 22 thn aya di lembur batur, Insya Allah dina sasih january 2007 Nata
bade wangsul heula ka lembur , tos sono ka dulur2 Nata
> sareng hoyong tepang deuih sareng wargi2 anu di Kusnet lemah cai
kanggo nambih baraya sareng silaturrahmi.
>
> Wassalamu'alaikum wr wb
>
> Nata
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke