Ceu Roro, Teh Ely, oge kanu kawit ti Sumedang, punten bade tumaros, dupi pabukon di Sumedang aya deui di tempat nu sanesna atanapi mung di Wado wungkul?
 
salam,
emme 
----- Original Message -----
Sent: Friday, May 26, 2006 12:45 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Tonton SCTV minggu siang: ua Sas dina tv

The Ely nepangkeun...abdi Roro ti Cikareo Wado, bumi mah payuneun Masjid Raudhatul Mukhlisin, jl. Raya Wado Malangbong... Duh kapiheulaan yeuh ku Teteh...manawi teh di Wado teu acan aya Pabukon, tadinamah bade ngarenghiks..hiks...hiks... ka MJ da rencanamah bade wangsul pami tos pangsiun ngawangun desa (deeuuhhh siga nu heueuh nyaa...heheh) Manawi dipalihmana lokasi pabukon teteh teh?
 
ro2.
 
 


>>> [EMAIL PROTECTED] 05/26/06 12:34PM >>>
Siiiiiippp lah ngiring bingah tur ngiring reueus.
Bade nonton sim kuring ge engke Minggu siang di SCTV
Wilujeng ka Ua Sasmita .......
 
Mang Jamal, dugi ka danget ieu tos aya sabaraha jumlah Pabukon teh?
PSK Wado alhamdulillah respon ti masyarakatna sae. Tadina mah pan nyayakeun buku-buku teh keur barudak nya. Tapi geuning kadieunakeun, bapak-bapak tur ibu-ibu ge sok nanaroskeun milarian bacaeun, Bapak-bapak mah kanggo bahan khutbah jumat, ibu-ibu nareang resep masakan........... walah nu macana tambih ....... tapi teu nanaon nya pan teu leupas tina misi PSK.
 
Usul yeuh MJ, kumaha pami para pangurus harian PSK ti unggal lokasi nyayakeun hiji riungan pikeun diskusi ngeunaan buku-buku tur manfaatna di masyarakat sekitar. Jadi sanaos pangurus KUSNET teu tiasa unggal waktos neang ka lokasi, para pengurus harian tiasa tatap muka pikeun neang tarekah ngokolakeun tur ngamajengkeun PSK-na masing-masing.
 
Wasalam,
Teh Ely
nuju di Medan
 


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kamari si Ua Sasmita di bumina nu oge Rumah Baca Buku Sunda kasumpingan
reporter SCTV. enya cenah, dishooting.

acara saur si reporter-ceuk si Ua, baris ditayangkeun dinten Minggu siang
sanggeus liputan 6 SCTV.

si ua sas asup tv euy, bade nyuhunkeun ditraktir ah, heheh

mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke