kalayan nyebat asmana Alloh!
-----------------------------------------------
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Haturan Kadang Wargi Babakan, khususonna Bi Ana sareng baraya nu aya dina ieu jejer. (hapunten bilih nga-Bibikeun)
Kahijina:
Sihapuntenna bae baraya, parantos lawas sim kuring carang ngulampreng ka ieu babakan, aya oge saelol-elolna bae ......
..... hapuntena bae nya!!!, bubuhan salian ti padamelan rutin di kator nu peryogi diangken, sim kuring anu rumaos tambelar kana Kasundaan lan Ki Sunda oge peryogi ngajurung sakedikkeun mah tina sababaraha program KUSnet sapertos :
- Digitalisasi sababaraha pustaka-pustaka sunda sapertos Kalawarta Poesaka Soenda, Pantun Lutung Leutik, sakedik ngarengsekeun Roesdi jeung Misnem (haturan Ki Hasan lan kumna Balad PS). Sumangga bilih aya nu bade ngiringan janten Balad PS wartosan sim kuring ngalangkung jalur pribadi.
- Ngeuyeubkeun rarancang Acara Radio Sunda Online sareng baraya KUSnet nu lianna (Haturan Kang Isrona lan kumna JS eReS-O). Sumangga bilih aya nu bade ngiringan janten JS wartosan sim kuring ngalangkung jalur pribadi.
(nya mangga bae bilih aya nu gaduh anggepan kuring agul, asal ulah nganggep agul ku payung butut we, da ieu mah lain nu baheula, ieu mah nu kiwari anu keur nyorang jaman ngalaan waktu ......... da kuring mah "ngalieuk ka tukang" soteh sanes kanggo diagulkeun tapi keur dicokot rohna pikeun ngahirupkeun kakuatan silih-wawangi papada US. ........ sugan we upami sakedik ti bewarakeun kieu mah aya baraya KUSnet nu sanesna nu kaludang kareueus lan kacintana kana Kasundaan & Ki Sunda, mugi bae tiasa ngarojong kana program-program KUSnet, sakedikeunmah .... sakamampu, sakadugana.... bubuhan kuring mah asa sedih, ningali pangrojong program-program KUSnet teh jalmina meni asa laun nabihanana.)
Kaduana :
Hapunten oge, seratan nu ti Bi Ana dina serelek sim kuring ieu di pupus, sanes nanaon bilih ngambay teuing, da hawatos ka baraya sanesna nu gaduh koneksi laun, nya oge ka baraya nu sumping ka ieu babakan ngalangkung Warnet.
Katiluna :
.... cindekna mah kuring sapanuju kana pangdadaran ti Bi Ana ... khususonna mah dina perkawis ngageuingkeun silih-wawangin papada US.
.... cindekna deui nuhade ceuk sakuringeun mah niat, ucap, lampah teh kudu sajalan, sabilulungan, sidakep sinuku tunggal dina ngabuktin nya nganyatana ....... nya tadi tea siga di luhur ... "sakedikeun, sakamampu, sakaduga" ... sukur-sukur bisa sapuratina na mah.
Sae oge pami urang tiasa ngemutan batur, komo dulur urang mah ...... dulur sa-kasur, dulur sa-dapur, dulur sa-sumur, dulur sa-lembur, dulur sa-sarakan tug nepi dulur sa-iman.... namung nya siga cindek nu bieu di luhur tea .... sakedahna tiasa ngabukti nya nganyata, dina prak-prakkanana.
Kangjeng Nabi Muhammad SAW ngadawuh ka sahabatna, oge ka tarimakeun ku urang ayeuna nu disebat Hadits tea ....... teu sing Anjeunna saukur ngadawuh, marentah, teori tapi nya pernahna dilakukeun.
Si Aa samemangna tukang dakwah tapi nya aya usik lumakuna geuning. Kumaha tah wartosna MQ Enterprise & Management teh, mugi bae tiasa bereka salalawasna?
Janten emut pun Bapa ....... di rorompok, upami anjeuna miwarang teh, nya sakedikeuna mah sok mantuan oge ....... muhun, bageana mah bagean kuring saleresna mah, namung nu karaos ku sim kuring, sikep pun Bapa nu kitu teh salian pikeun conto kuring (jadi terang kieu kituna dina ngajalankeun parentah ti pun Bapa), oge kena kana mamarasna kuring ..... nyaeta, janten parentah ti pun Bapa teh sanes saukur kana wates tanggung jawab sareng kawajiban hungkul, namung oge janten kabutuhan jeung kacinta ..... muhun kabutuhan dina ngengingkeun elmuna, kacintana kuring ka pun Bapa supados tiasa nyumponan pamaksadan ti pun Bapa tea.
Bi Ana ahli teori... nya meureun kudu oge aya lumakuna ...
"nya palakiahna kumaha atuh Cep Adi?" .......
...... cobi atuh urang sami-sami masihan sumbang-bukti lan nyatana dina program-progam ieu beungkeutan KUSnet, kumaha sangkan potensi baraya KUSnet nu anggahotana timana-mendi ieu tiasa janten hiji kakuatan US, nu dikokolakeun ku US, pikeun kamajengan US ........
.....sumangga tingali di http://yp.urang-sunda.or.id/ (hapunten bilih tos uninga mah), anapon Bi Ana kagungan rarancang nu langkung sae, sumangga oge dihaturan pikeun barepag sareng kadagang wargi KUSnet nu lianna.
Kaopatna :
Panginten sakitu bae nu iasa kapidangkeun, hayu urang silih simbeuh elmu pangaweruh, pakaya, pangabisa kalayan dibungkus ku iman ka Mantenna pikeun papada US, ulah silih suntrungkeun, pa aing-aing, pa maneh-maneh .....
...... nya ka baraya nu nujuna dipaparin kasaen ku Mantenna, geura kapayun pidangkeun, dadarkeun, tuntun yeuh kami nu nuju poekkeun nya bodo, nya miskin.....
...... oge ka baraya nu tacanna dipaparin kasugemaan, nya sudi oge ngaduakeun, ngajurung nya ngabantu sakaduga, sakamampuna, pangemut oge pangeling-ngeling ti baraya urang nu sanesna .....
Mugya bae panggeuing ti Bi Ana ieu iasa janten cukang numuwuhna sumanget ka US, khususonna ka ieu beungkeutan KUSnet dina usahana mulasarakeun lan ngamajengkeun Kasundaan lan Ki Sunda sapuratinana.
Balungbang timur !!!!... nya caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan ....
sun........ neda tawakupna bae, nun.....
-Ki Adi-
---------------------------------------------------------------
samudaya pupujian saestona pikeun Alloh
****************************************************
On 5/26/06, ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
................(xxx).................WassAna anu geulis tea.
---xxx
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/
http://radiosunda.qc1.net:8184/listen.pls
http://pituin.multiply.com/
*******************************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

