|
Alhamdulillah pun bojo sakulawargi
teu kunanaon, mung bumi sareng
kendaraan rusak sakedik, kahalangan 5 bumi ti rorompok
abdi, kagencet, maot, inalillahi wa inaillaihi
rojiun Mani sedih tur reuwas puguh ge, isuk2 ningali warta kitu ti
liputan6. terus kuring nyoba telp
ka rumah boh ka nomer HP, weleh teu nyambung-nyambung. Sa enggeus 1 jam, kakara
telp bisa nyambung ka pun bojo, anu nyaritakeun sagala kajadian di lembur (klaten). Baktos, Yosep -----Original Message----- Kang Maman, Puguh keur reureuh sakedapan ieu teh. Nembe di kantor
maturan dunungan, Pa Bambang Dwiyanto, Kepala Badan Geologi (BG), ngayakeun
press release sareng wartawan ti sababaraha media citak + elektronik di
Bandung, ngeunaan kajadian lini di Jogya. Teras si kuring kenging pancen milarian data di
internet ti USGS (http://www.usgs.gov/)
pikeun ngalengkepan data + informasi anu salila ieu dihasilkeun ku BG ngeunaan
lini Jogja. Dunungan siang ieu keneh langsung bade ngajugjug Jogjakarta, pikeun
maparinan katerangan + nenangkeun masyarakat oge pemda-pemda Jogjakarta jeung
sabudeureunana. Batur mah da elmu jeung teknologina geus nyampak,
katerangan ngeunaan lini anu jauh mela-melu di urang ge geus langsung bisa
kapidangkeun informasina dina internet. Mangga geura uningaan katerangan ti
USGS ngeunaan lini Jogja di alamat ieu: http://earthquake.usgs.gov/eqcenter/eqinthenews/2006/usneb6/ Nuturkeun data + informasi sawatara ieu anu geus
dikumpulkeun ku BG, rada beda katerangan sabab musabab lini dibandingkeun jeung
pamadegan BMG. BMG nyebutkeun sumber lini ayana di laut kiduleun Jogja,
jerona 30 km-an, dina lebah paaduna lempeng samudera (samudera Indonesia
kiduleun Jogjakarta) jeung lempeng benua (P. Jawa). Ari ceuk analisis ti BG
mah sabab utama sumber lini Jogja teh "sesar
geser" jurusan (arah) kidul - kaler, ti mimiti basisir kidul
Jogja nerus nepi ka kalereun Semarang. Ari sesar teh eta kajadian gusar-geserna
"body" atawa "massa" batuan (kaasup taneuh luhureunana) anu
bisa diakibatkeun ku ayana dinamisme bumi di handapna (pergeseran lempeng
tea) samemehna. Sesar anu jurusna (arahna) horisontal disebut "sesar
geser". Sumber sesar geser ieu deet, kl 10 km. Jadi sumber lini Jogja anu
utama ceuk BG deet, kl antara 10 - 20 km handapeun wewengkon Jojga - Semarang (jalurna
ka wetaneun Merapi). Sababaraha konsekuensi tina lini akibat sesar
geser: karuksakan lumayan gede gumantung gede leutikna skala lini; moal
ngabalukarkeun tsunami; kudu waspada kana kajadian lini susulan dina jalur eta
sesar. Sakitu wae heula Kang, informasina. Peupeujeuh ieu mah
katerangan ti si kuring wae anu bieu miluan ngaregepkeun press release
dunungan, lain informasi resmi ti official site hehehe. Wayahna rada telat, teu
bisa "ngaramal" :) . Ongkoh deui umumna karakter bancang pakewuh
alam teh sulit ditebak ti samemehna. Khususna lini, sakumaha ahlina
oge anu sok nalungtik, kana lini mah tetep wae siga dokter ahli forensik: apal
jeung bisa nerangkeun kajadian teh bane wae sanggeus kajadianana lumangsung.
Urang ukur bisa ngaronjatkeun kasiap-siagaan jeung nalokalisir
wewengkon-wewengkon anu pang mungkinna keuna ku eta kajadian bancangpakweuh
alam. Keur lengkah kasiap-siagaan, aya sababaraha
"tips" keur masyakarat anu dumuk di wewengkon kajadian
lini: 1) tetep tenang, ulah gugup (B.Ind. panik), muru ka jeung
caricing di lapang atawa tempat-tempat anu jauh tina bangunan, utama dina
mangsa kajadian lini. Sakitu wae heula anan. Si kuring oge sakantenan dina
danget ieu seja ngadugikeun belasungkawa ka sadaya korban lini Jogja sareng
kulawargana, oge anu nandangan kasakit atawa tatu tina ieu bancangpakewuh.
Pamugi sadayana dipaparinan sobar tawekal sareng sing enggal pulih deui
sakumaha bihara-bihari. baktos, manAR
On 5/27/06, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring belasungkawa kanu janten korban gempa bumi.
|
- [Urang Sunda] Re: [kisunda] gempa, gunung merapi dan jogja... oman abdurahman
- RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] gempa, gunung merapi ... Yosep Hania
- [Urang Sunda] Re: [kisunda] gempa, gunung merapi dan ... Ki Adi

