Kang Hendra,..

Mani resep ngaos seratan na,....Bravo

Kumaha madu encer tina kembang ngora teh tos karaos mangfaatna?

Diantos seratan salajengna

Baktosna

Andi

--- In [email protected], hangjuang bodas
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> NGOBROL jeung TUKANG MADU URANG BADUY
>
> Saleresna mah tos jangjian jeung rerencangan ba'da netepan jum'ah
teh bade ningali pameran di Gedong Semanggi Expo, tapi nembe oge
bade ngajugjug ka tempat anjeunna, ha-pe teh tisada, pas dibaca
unina kieu "kang, ka pameran enjing we nya?".  Atuh kontan ku kuring
diwaler, di heu-euhkeun we, pedah kuring oge keur rada hoream.
>
> Karaos patuangan tos nagih hoyong dieusian, atuh lengkah teh
mengkol heula ka "warung sunda" nu aya di jalan Kantor Batu. 
Hanjakal anjog ka dinya teh tos rada corencang kadaharanana.  Sayur
aseum, sayur lodeh, oge sayur kacang tos ledis kantun wadahna
wungkul.  Tukang warungna tos ngitung meureun, ieu mah poe pere,
pastina oge moal sarame biasana, jadi jijieunana ngan saeutik.  Atuh
kuring ge ngan kabagean goreng bayah haseum-manis jeung goreng
hurang wungkul.
>
> Rengse neda, lalampahan teh dituluykeun ka arah jalan Merdeka,
bade ka warnet hoyong nganjang ka bakus.  Tapi pas ngalangkung
payuneun Taman Topi, aya tukang madu urang baduy keur mangkal di
dinya.  Kaleresan madu nu di rorompok tos seep, oge kuring mah rada
matuh ari meser madu teh ka urang baduy, lain nanaon, resep we ku
cara nyariosna.
>
> "Baraha madu teh?", kuring nanya ka tukang madu. 
> "Dua puluh rebu", ceuk manehna. 
> "Geuning mahal, biasana ge sapuluh rebu", tembal kuring.
> "Ti ditu na ge can meunang",
> "Ti ditu timana?", kuring ngadeseh.
> "Ti babaturan, pan nu ngala maduna oge babaturan", ceuk urang
baduy bari ngajelaskeun.  Sajongjonan kuring merhatikeun eta madu nu
aya dijero botol, asa rada encer, henteu kentel.
> "Geuning encer ieu mah, dicampur nyah?", ceuk kuring tatanya deui.
> "Madu mah kumaha kembangna, lamun kembangna ngora jadina maduna
encer, lamun kembangna kolot mah, maduna ge kentel bae", waler
anjeunna rada panjang.  Kuring ngagerentes jero hate, pinter geuning
nembalanna baduy nu ieu mah.
> "Encer ge nu penting mah mangpaatna", ceuk manehna nambahan.  Atuh
sontak kuring nyerengeh seuri, tetela manehna jalma nu cerdas.
>
> Obrolan ku kuring dialihkeun heula ka hal anu lian.
> "Ari dia urang mana?" kuring tatanya deui.
> "Kami mah urang Cisadane".
> Kaleresan kuring terang yen di caket desa Kanekes memang aya
walungan nu ngaranna Cisadane, kira-kira beh kidul-wetan ti kanekes.
> "Geuning di ditu aya Cisadane, Cisadane mah di dieu, di kami.  Tuh
di jembatan", ceuk kuring bari nunjuk ka jembatan merah.
> "Di ditu mah Cisadane caina leutik, di dieu mah gede", manehna
ngajawab.
> "Pan di kami aya Cikeusik, sarua di deukeut Malingping ge aya
Cikeusik", manehna nyoba ngabandingkeun ngaran tempat nu sejen,
kuring mah ngan mesem deui.
>
> "Ari di ditu naon wae nu didagangkeun?".
> "Loba".
> "Naon wae? Kaneron aya?".
> "Kami mah teu nyieun kaneron, kami mah nyieun koja," ceuk manehna.
> "Nu kumaha koja teh?".
> "Nu kieu yeuh", sabari manehna nembongkeun tasna nu kelirna kayas
jeung biru.
> "Bahanna tina naon?", tanya kuring deui.
> "Wul, benang wul", jawab manehna.  Halah siah, hebat euy, urang
baduy ayeuna mah tos wanoh jeung benang wol sagala.
> "Ari lawon boga teu?".
> "Lawon naon?".
> "Lawon, meunang ninun?", ceuk kuring.
> "Samping? Boga kami samping mah", ceuk manehna.
> "Memang di ditu loba keneh nu ninun?".
> "Loba".
> "Sabaraha hargana samping teh?".
> "Aya nu lima puluh rebu, aya nu tujuh puluh rebu, kumaha sampingna
bae".
> "Geuning mahal?", tembal kuring.
> "Atuh mahal, pan benangna ge meunang meuli ti kota".
>
> Saleresna mah panjang keneh gunemcatur jeung urang baduy tukang
madu teh, nepi aya kana tilu parapat jam na, malih lami-lami mah
babaraha urang ngiring ngabandungan sabari mesem-mesem wungkul.
>
> Panginten tukang madu teh tos rada kesel (keuheul oge meureun), da
ditatanya wae, ahirna manehna nyarios kieu :
> "Sok atuh geura beuli maduna".
> "Sapuluh rebu we nya?", ceuk kuring rada keukeuh.
> "Ulah atuh, dua botol tah tilu puluh rebu, can meunang duit yeuh
ti tatadi", ceuk manehna deui.
> "Ah sabotol we, gampang engke meuli deui", ceuk kuring bari
ngaluarkeun artos dua puluh rebuan.
> Ari kodehel teh manehna ngakuarkeun artos dina pesakna, aya
sapuluh rebuan hiji jeung opat lembar rebuan.  Nu opat rebu
dipasihkeun ka kuring keur mulangan. 
> Bari nganuhunkeun, kuring ngagerentes, ceunah bieu can meunang
duit, kari-kari dina pesakna geus metet.
> Ah, kiwari mah urang baduy ge geus
pinter ............ngawadul.........(meureun)
>
> Cag,
> hendra
>
>
>            
> ---------------------------------
> Ring'em or ping'em. Make  PC-to-phone calls as low as 1ยข/min with
Yahoo! Messenger with Voice.
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke