Duka wilayah Subang kudu ka mana nya? Tapi mun kawengku ku nu di Bandung, kantorna aya di Jln. Surapati. Leres, beh ditueun pasar Cihaurgeulis/Masjid PUSDAI.
Anu perlu disiapkeun:
- KTP
- KK
- ijasah atikan panungtung atawa akta lahir (kuring mah kamari make ijasah, tanpa akte lahir)
- Panganteur ti pausahaan (mun swasta)
Proses ngadamel paspor lilana saminggu (dina papan disebutkeun anggeus 5 poe gawe). Poe kahiji daptar & ngeusi pasaratan. Ngke dibere jadwal datang salajengna (kira 4 poean ti daptar) pikeun wawancara & dipoto (jadi teu kudu nyiapkeun poto). Mun teu poe eta keneh, paspor teh anggeus isukanana.
Beayana mah poho deui, kira 300-400 rebuan (kanggo paspor, poto, sidik ramo).
jk
cenah budak teh geus borojol, euy? wilujeng nya! Sing sehat sing soleh...
On 5/29/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeung wayah kieu baraya.
Numawi aya nu bade ditaroskeun ieu teh. Susuganan we diantawis baraya aya nu uninga ngeunaan cara-cara atanapi prosedurna ngadamel paspor. Syarat-syaratna naon bae...??!!Pami kartu KTP oge KK na ti Subang, saena kedah ka kantor kaimigrasian mana...??!!Alamatna dimana...??!!Teras, kinten-kintenna beaya administarasi sareng sajabina sabaraha...??!!Oge teu hilap, waktos nu diperyogikeun kanggo ngadamel eta paspor dugi ka rengse sabaraha dinten...??!!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

