Nuhun atuh ari salamet sadayana mah.
resep jigana nya..
ari tuak-taek ka gunung teh inget keur jaman baheula.
ngan henteu ari ka gunung nu sejen mah, paling ge ka Ciremai we.
nepi ka aya belasan kali-na, bari naek teh PP we, indit peuting
isuk-isuk geus mudun deui, bari tuturubun. Nyaeta ka gunung teh
moro lalazo panon poe isuk2, ngala pelending, jeung kembang Edelwis
keur mahugi ka kabogoh.
Sok atuh, iraha bade ka Ciremai ?
Mung kahade di Ciremai mah tong ngalaan Edelwis, soalna mun
kapanggihan teh dititah naek deui ka puncak keur mulangkeun
Edelwisna.
-dul-
tukang teuing
--- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Baraya, ieu laporan "unofficial" lalampahan naek Gunung Gede baraya
KUSNET.
> Sakumaha anu dibewarakeun ku kang Runa, rehna dina poe jumaah ping
26 Mei
> 2006, baraya kusnet boga acara nyaeta naek Gunung Gede.Foto-fotona
aya di
> kang Amin jeung kang Yugi.
>
> Lumayan anu terdaftar teh aya 20 urang. ngan hanjakal, dina poe
> pelaksanaanana, tilu urang teu jadi. aya wagelan saurna mah. atuh
anu jadi
> teh ngan 17 urang. ari nu 17 urang eta oge ka bagi dua kelompok.
kelompok ka
> hiji 11 urang naek nepi ka puncak, kelompok ka dua 6 urang teu ka
puncak,
> ngan saukur tepi ka Curug.
>
> Kuring indit ti imah poe jumaah jam 9, padahal jangji kumpul di
Cibodas teh
> jam 3 sore. ngahaja indit isuk-isuk meh kaburu jumaahan di cipanas.
ari
> indit ti imah geus jumaahan teh bisi samporet teuing waktuna. komo
deui ieu
> libur panjang, ceuk taksiran kuring, di puncak pasti macet,
sahanteuna
> diterapkeun sistem buka tutup. Ti imah ka rambutan, ti rambutan
naek beus
> jurusan bandung anu ngaliwatan Cianjur.
>
> Tepi ka Cipanas kira-kira jam 11.30, pas pisan waktuna jumaahan.
sanggeus
> nanyakeun ka urang dinya dimana lebah masigit, kuring ngajugjug ka
masigit
> tea. Beres solat jumat, breg teh hujan, lumayan gede. atuh kuring
teu bisa
> kebat ka cibodas, kapaksa nungguan hujan raat di masigit. malahan
mah bisa
> sare sakerejep. kira-kira jam 1.30 kuring indit ti masigit,
nyimpang heula
> ka warung ngadon dahar. kabeneran warung teh kadaharanna menu
sunda. Sangu
> haneut, make urab ditambahan gepuk dipurulukan ku goreng bawang.
edas ku
> ni'mat, keur mah diluar hujan deuih. sanggeus dahar, enya ge hujan
keneh,
> kuring tetep indit. ti parapatan cipanas ka cibodas naek angkot.
>
> Saanjogna ka cibodas, kuring nungguan Runa di palataran parkir
> mandalawangi. Aya barudak Trisakti meuni sa treuk gede, aya 50
urang mah
> leuwih. maranehna oge sarua rek naraek siganamah. Bari diuk
deukeuteun pos
> jaga, iseng kuring SMS ka Runa, nanyakeun posisina bari ngabejaan
kuring
> geus anjog, didieu loba barudak Trisakti. ceuk manehna keur dijalan
cenah,
> ditambahan, sok geura milih nu harerang dua mah :). kuring mesem
bari
> ngabales, puguh ieu oge keur ngeker-ngeker, :D.Barudak Trisakti teh
teu
> saeutik awewena. sapertilu namah aya lah. nu herang oge aya :).
>
> Sanggeus sababaraha lila nungguan, ahirna Runa datang jeung kang
Amin. Duaan
> wae, kuring nanyakeun ari nu lianna mana ? cenah aya tilu kelompok
deui,
> kelompok kang Yugi duaan, kelompok kang Feri genepan, jeung
kelompok kang
> edi genepan. sanggeus kulang koling ka tiap kelompok, teu lila
datang
> kelompok kang Feri kana mobil espass. aya genepan, Feri, Anto, Ria,
Yosi,
> Melinda, jeung Rosita. lalakina duaan awewena opatan, amoy
kabeh :). teu
> kungsi lila datang kang Yugi jeung baturna saurang. anu ditungguan
teh
> nyaeta kelompokna kang edi. ngan ceuk manehna, indit ti jakarta na
jam 6
> sore, pidatangeun teh jam 9. wah peuting teuing atuh, mun
ditungguan mah.
> ahirna sanggeus sakabehna satuju, 11 urang anu rek "menuju puncak",
indit
> tiheula.
>
> Indit teh jam 7 leuwih, peuting sanggeus solat magrib anu di
hijikeun jeung
> isa. sabenerna, dina surat idin naek, rombongan teh meunang idina
tanggal 27
> poe sabtu. Sabab rek maksa naek poe jumaah, atuh di pos pamariksaan
teh kudu
> rada "bersilat lidah" heula sangkan diidinan naek harita. anu ahirna
> diidinan oge. lalampahan naek teh ngarayap, soalna mawa awewe
saopat-opat.
> atuh leumpang teh teu bisa kebat. keur mah hujan deuih harita teh.
waktu 6
> jam teh ngan bisa nepi ka curug cai panas. didinya manggih tempat
rada lega
> jang masang tenda, antukna "nge-camp" heula di dinya. tenda teh
mawa tilu,
> Feri mawa dua, Runa mawa hiji, tenda doom kabeh. Pedah meureun
jarang masang
> tenda, atuh rada ugal-ugil masang tenda dua oge. sanggeus tenda
beres, tas
> diberesan di jero, acara selanjutnyah makan, enya oge dahar mie
instan.
> tapi didukung ku situasi anu tiris (pisan) dahar mi instan oge
meni ni'mat
> karasana. nginumna cai kopi ditambah jahe, lumayan beuteung teh
kahaneutan.
> beres ngeusian beuteung, barudak awewe sina reureuh tiheula,
karunya oge
> mucicid katirisan keur mah kahujanan sajajalan. Mangkaning ieu teh
> "Pengalaman Pertama" naek gunung. Uyuhan sakitu ge, euwueh nu menta
balik
> deui he..he..he..
>
> Rencana na mah hayang bisa ninggali "Sun Rise" di puncak. tapi
ahirna teu
> jadi, milih reureuh heula, lalampahan diteruskeun isukan wae geus
caang.
> sakalian meh barudak meunang cukup waktu pikeun reureuh. wanci
carangcan
> tihang barudak geus harudang. ngan masih keneh males-malesan.
kuring ngan
> sare sakerejep, hese reup kajeun dipeureum-peureum oge, edas ku
tiis hawa
> teh. Runa mah komo teu asup-asup acan ka tenda, kalah diuk diluar
> nyanghareupan kompor parafin, bari nyuruput kopi jahe. Sabab teu
kuat ku
> tiris bari jeung teu bisa sare, ahirna kuring kaluar terus gabung
jeung
> runa, nyanghareupan kompor parafin bari nyuruput kopi jahe. lumayan
rada
> kahaneutan. hiji dua jelema anu rek naek ngaliwat, "misi bang"
cenah. "you"
> kuring nembalan. resepna lamun naek gunung teh kitu, mun panggih
jeung saha
> wae, pasti someah. duka meureun perbawana kitu, najan ngan saukur
papaliwat,
> tapi "penuh rasa persaudaraan".
>
> Tenda di bongkar jam 6 leuwih. sanggeus kabeh tarapti, lalampahan
> diteruskeun deui. tilu jam lalampahan saanjogna ka kandang badak
teh.
> ditengah jalan manggihan curug leutik anu endah. atuh barudak teh
poto-poto
> heula didinya. Di kandang badak, anu rencanana rek reureuh heula,
teu jadi,
> sabab tempatna pinuh ku barudak Trisakti. atuh ahirnamah terus
naek, najan
> reureuh oge ngan sakeudeung. tilu jam deui leuwih dibutuhkeun
pikeun nepi ka
> puncak. panon poe isuk-isuk anu nyorot tina sela dangdaunan
nambahan endahna
> alam anu sajajalan kalaliwatan. najan jalan anu disorang nanjak
pisan. teu
> pati karasa da kaupahan ku endahna alam. barudak amoy teh gede pisan
> sumangetna. najan sakeudeung-sakeudeung reureuh, sakeudeung-
sakeudeung
> reureuh, tapi teu "mengeluh", estu sabar jeung ulet. anu pang
boyotna teh
> yosi, amoy rada gendut tapi campernik, urang surabaya. siganamah
teu biasa
> nanjak, atuh mapay jalan anu nanjak pisan teh meni salengkah-
salengkah. pas
> kukuring ditanya, sok olah raga tara? tara cenah. euh... pantes.
tapi salut,
> najan enya salengkah-salengkah, tapi anjog oge ka puncak.
>
> Nepi ka puncak teh kira-kira jam 12-an lah. di puncak reureuh heula
rada
> lila. tina sabelas urang teh, ampir satengahna, anu karek harita
naek
> gunung. diantarana budak amoy nu opat, anto, jeung baturna kang
yugi. atuh
> nepi ka puncak teh ting galoler, carapeun. anu kudunamah menikmati
keindahan
> alam, ieu mah kalahka ngajaloprak. anu kaitung rada kuat teh
rosita, manehna
> sempet jalan-jalan heula. Ria, amoy gendut tapi herang, anu kaitung
kuat pas
> nanjak tadi, saanjogna ka puncak ngagoler, capeun. Melinda "si manis
> berkacamata" oge sarua, malah budak ieu mah teu mawa jeket anu
kandel, anu
> dibawa teh sweater biasa, jas hujan oge teu mawa, karunya katiisan.
keurmah
> basa peuting kahujanan, untung kuring mawa jas hujan leuwih, nya
bisa dipake
> ku manehna. Ari Yosi mah geus puguh, sajajalan oge ngarayap. Anto
sare,
> baturna kang Yugi oge sarua. Feri ngagoler, kuring nyangsaya bari
> nanghunjar. walah lumayan euy, he..he..he...
>
> Runa sempet masak heula, mi instan campur sozis. lumayan keur
ngeusian
> beuteung. dahar ngariung balakecrakan, najan kaambeu bau hitut ti
kawah,
> keukeuh wae ni'mat, da cape tea.
>
> Sanggeus ngarasa cukup "menikmati keindahan dunia antah berantah",
sabab teu
> bisa ninggali ka handap, kabeneran di handap katutupan ku halimun,
jadi nu
> katingali teh ngan daerah puncak wae wungkul. jadi siga di dunia
lain.
> he..he...he..rombongan turun make jalur gunung putri. ti puncak
turun ka
> alun-alun suryakencana. di suryakencana, ngareureuh deui
bari "memanjakan
> mata" ku kaendahan alam didinya. tegal anu lega pisan memanjang ti
kidul ka
> kaler, di kenca katuhu di apit ku "dinding alam", di sisina
ngabaris
> tangkal kembang edelweiss. kuring sempet ngala kembang edelweiss,
terus
> dibagikeun ka barudak. lumayan jang souvenir.
>
> Harita teh boga dua pilihan, rek turun harita, atawa meuting heula
di
> suryakencana, isuk-isuk neruskeun lalampahan turun. Anu kapilih teh
opsi ka
> dua, neruskeun turun harita. jam lima rombongan beberes terus
neruskeun deui
> lalampahan. pas kaluar ti tegal suryakencana, panggih jeung tukang
nasi
> uduk. edas ieu jelema ti handap ka luhur mawa nasi uduk, dijual di
puncak.
> teu cape kang? aya nu naya. Ah tos biasa abdimah, nya biasa wae,
cenah.
> malah anu matak kagetmah, barudak leutik, taksiran umur 9 atawa 10
taun,
> ngulampreng dipuncak jeung alun-alun suryakencana bari dagang roti.
hebat
> budak teh, leutik-leutik geus biasa naek gunung.
>
> lalampahan turun sarua "endahna". pas geus dahar nasi uduk, terus
ngalengkah
> neruskeun lampah, breg teh hujan gede pisan. mangkaning harita wanci
> sareupna. medan anu ditempuh, jalan taneuh jeung akar-akar
tatangkalan.
> jalan taneuh kabanjur cai hujan atuh puguh leueur. sababaraha kali
Feri
> tisorodot labuh. keurmah barudak carapeeun, katurug-turug
kahujanan, hawa
> tiis pisan, beuteung menta dieusian. wah lengkap lah pokonyah. mun
mentalna
> teu kuat mah, barudak teh mopo siganamah. untung we barudak teh
sumangetna
> garede. enya ge ngarayap, tetep maju terus pantang mundur.
>
> rombongan kungsi nyasab, untungna teu jauh teuing ti jalur anu
bener.
> sanggeus lalampahan kurang leuwih tujuh jam, leumpang di tengah
hujan, bari
> peuting, ahirna rombongan anjog ka pos pemeriksaan. harita teh
wanci janari,
> nu jaga pos geus sarare, atuh teu bisa kebat ka tempat angkot, da
kudu lapor
> heula ka pos jaga. nya ahirna nungguan heula petugas tea harudang.
barudak
> teh ngajaloprak, cape, tiris (kacida), lapar, tunduh, lengkep
euweuh nu
> kurang he..he..he...kuring jeung runa nyieun cikopi. lumayan
ngahaneutan
> beuteung, barudak diharudangkeun heula sakeudeung sina ngarinum cai
haneut.
> wanci subuh, Feri saparakanca mulang tiheula, teu lila Yugi oge
mulang.
> terahir kuring tiluan jeung kang Amin, Runa. nungguan petugas
hudang.
>
> Petugas teh hudang jam 6 leuwih, sanggeus laporan yen rombongan
salamet bari
> nyerahkeun surat idin, kuring tiluan niggalkeun pos ngajugjug ka
jalan.
> memeh naek angkot, sarapan heula bubur hayam. sanggeus sarapan,
terus turun
> ka cipanas naek ojeg. ti cipanas ka jakarta kana beus bandung
jakarta anu
> kabeneran ngaliwat. jam 11 beurang poe Minggu kuring anjog oge ka
imah.
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

