Assalamu'alaikum wr wb,

Naon ari tujuan urang sakabeh…?
Naha ngan saukur hayang ngumpulkeun harta anu saloba-lobana?
Boga imah, mobil jeung simpenan duit nu loba…?
Lamun eta sakabeh tujuan hirup urang, satemena dawuhan Allah Swt dina
A-qur'an:

" Moal aya faedahna pikeun maranehanana harta banda jeung naon anu
diusakeunana…" (QS. Al-Lahab :2)

  Bakal datang hiji mangsa dimana harta teu aya manfaatna sama sakali,
boh di alam kubur atawa di alam akherat.
  Atawa urang sakabeh hayang kakoncara jadi ahli komputer, anu
nimbulkeun batur sakabeh ajrih jeung hormat ka urang..?
Dawuhan Allah Swt dina Al-qur'an :

" Jeung ulah maraneh jadi kawas jalma-jalma anu kaluar ti lemburna ku
rasa angkuh/sombong/jumawa jeung ku rasa anu riya/takabur ka papada
jalma…" (QS. Al-Anfaal :47)

Atawa urang ngan saukur hayang kulawarga atawa anak urang sorangan bagja…?

"di poe akhir/kiamat harta jeung anak lalaki teu aya gunana.." (QS.
Qsy-Syu'raa :26)

Suka teu suka urang sakabeh bakal tinemu ajal, lambat laun ajal bakal
mapag urang sakabeh.
Hiji waktu harta jeung kulawarga geus teu aya gunana, dina waktu biwir
urang dikonci sarta leuengeun jeung suku urang jadi saksi, anu
ngalawan  ngan saukur iman jeung amal sholeh anu bakal nulungan urang.

Lamun teu ngabogaan Iman, amal urang taya gunana :

" Jeung jalma-jalma kapir amal-amalan maranehna lir ibarat cahaya di
taneuh nu datar (fatamorgana), anu disangka cai ku jalma-jalma nu keur
hanaang, tapi lamun didatangan eta cai teh euweuh jeung moal meunang
naon-naon. Jeung dihasilkeunana (katangtuan) Allah disagigireunana,
saterusna Allah Swt mere maranehanana balitungan amal anu cukup…" (QS.
An Nuur :39)

" Innasholati, wanussuki, wa mahyaya, wa mamati lillahi robbil alamin…"

Cag…ah, nuhun.
(hatur punten bilih aya hal anu lepat atanapi kirang merenah)

Wassalamu'alaikum wr wb

"kkbm'69"
-ieu seratan kintunan kang Didi, disundakeun ku sim abdi.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke