Assalamu 'alaikum.
Sim kuring kacida isinna, wireh tos kawentar ayeuna mah kota Bandung teh janten kota runtah, malih kantos diebrehkeun pisan wewengkon geugeuleuhna ku Metro TV, tangtos bakal kauninga ku rahayat sa Nusantara, Malaysia katut Singapur anu pasti tiasa nangkep ieu siaran.
Rumus anu di handap teh sae pisan, katinggalna mah peryogi pisan disodorkeun ka pamarentah daerah Jabar, namung ieu teh tangtos kedah disarengan oge ku tarekah Pemda ngarobih runtah janten bahan anu mangpaat, anu tangtosna bakal ngirit tempat, kalayan ngirangan bauna tea.
Sim Kuring dinten ahad kamari nyobian misahkeun 2 bahan runtah, diantawisna anu organik kalayan bahan nu tiasa mulih ka jati mulang ka asal, ku si kuring dukubur dipakarangan, mudah2an janten pupuk. Salajengna bahan plastik sareng bahan sajabi anu tadi, dilebetkeun kana dreum sapotong anu handapna parantos ditotosan
maksadna mah kangge jalan lebetna angin ti handap, teras diduruk. Alhamdulillah sigana moal waka miceun runtah ayeuna mah, karunya ka kota Bandung.
Wengi tadi sim kuring ngalamun .....................upama di kampung kuring aya sa-RT weh anu kabitaeun ku cara kitu, sigana lumayan lah dina saminggu tiasa ngirangan runtah kinten sa-treuk mah, Insya Alloh sim kuring bade nyobi umajak ka tatangga sanaos telat ieu teh.
Sim kuring oge umajak ka wargi sadaya di milis urangsunda anu tangtos teu sakedik anu moal tiasa ngalaksanakeun cara sim kuring, utamina mah urang kota anu pasti moal kiat ngambeu haseup, atanapi lahan pakaranganana teu tiasa dianggo ngubur runtah, namung tekad utami ...........hayu urang bantos pamarentah Jabar, ngirangan tumpukan runtah anu unggal dinten tambih ngagunung, ku cara naon bae.
Wassalam
Abah
Ade
durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jadi inget berita na TV sababaraha poe katukang. Ari di jawa barat mah
pan pada-pada embung wewengkonna dijadikeun tempat pamiceunan runtah
(meski ahirna aya oge nu daek) ari di Semarangmah sabalikna. MASYARAKAT
SEKITAR TPA TEU NARIMA MUN TPA-na DIPINDAHKEUN. Ceuk maranehna ku ayana
paruntahan marenehna teh meunang duit tambahan. Duit eta tina ladang;
1. Ngumpulkeun barang rongsokan nu bisa dijual (plastik, karet sendal
jepit, aluminium, beusi, gendul, kardus, tambaga, jrrd)
2. Nu boga ingon-ongon (sapi, embe...) teu kudu cape neangan jukut.
Umbarkeun wae ingon-ingonan di paruntahan suruh neangan hakaneun
sorangan didinya.
Tah...kitu berita di TV-teh.
oman abdurahman wrote:
> Upama aya karancagean sadayana, satemena rumus mayar runtah teh tiasa
> dirarancang siga kieu:
>
> BL = W - cR.
> BL = Bayar listrik (Rupiah)
> W = daya listrik kapake sakumaha anu kacatet dina meteran (watt)
> R = biaya mayar runtah sabanding volume runtah ti hiji imah jero
> sabulan (Rp)
> c = rasio kamapuh misahkeun runtah organik tina runtah anorganik di
> eta imah
> c = 1 angka maksimum : lamun eta imah teu mampuh/bisaeun
> misahkeun runtah
> organik vs anorganik
> tambah mampuh hiji imah misahkeun runtah organik tina runtah
> an organik, angka
> satukangeun koma dina c beuki ngaleutikan
>
> Kumaha sangkan ieu rumus kaudag? kudu aya gawe bareng antara dinas
> kebersihan (pd kebersihan) jeung PLN. Kumaha sangkan gawe bareng teh
> kahontal? nya pimpinan pamarentah kota atawa daerah anu kudu ngahucuhkeun.
>
> Kumaha usaha pikeun rumah tangga bisa ngahontal c anu leutik kacida?
> atawa sangkan runtah organik geus misah tina runtah an organik ti
> mimiti di tiap imah keneh? Nya di dieu perluna pancen pamarentah jeung
> satiap komponen masyarakat (lsm2 jst) pikeun ngayakaeun pendidikan
> lingkungan.
>
Sneak preview the all-new Yahoo.com. It's not radically different. Just radically better.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

