Euleuh, heuheu... Kumaha nya...

Ngeunaan susunatan modél kieu, sigana mah aya dua hal anu kawilang prinsip: (1) kaihlasan nu dipotong gajih jeung (2) kajujuran nu nu ngokolakeun dana.
Pikeun pagawé negri, susunatan modél kieu téh geus teu ahéng, da mindeng kajadian, boh anu insidéntal atawa anu matuh. Pikeun conto, baheula (duka ayeuna) mah gajih pagawé téh langsung dipotong jakat. Jakat téh hukumna wajib pikeun nu geus nisab, tapi ari pikeun nu gajihna leutik mah (umumna pagawé negri kelas handap), duka tah nepi henteu kana nisabna. Dina can nisabna gé, umumna mah sok ngaridokeun salaku sodakoh/inpak, itung2 ngalatih diri ngabiasakeun mayar jakat. Ngan, dina prakprakanana, baheula kungsi aya nu natanyakeun, éta dana jakat téh geus dikokolakeun kalawan bener, can?

Tah, nu ayeuna gé meureun kitu. Sigana mah para pagawé téh rarido meureun ari lebah dipotongna mah (ari ceuk kuring mah tetep mending saridona baé), da keur nulungan ka nu keur tunggara. Tapi, bakal bener moal tah ngokolakeunana? Heuheu... hiks

On 5/31/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Boga gubernur teh kreatif euy. Cing numutkeun baraya,
naha wajar upama gubernur nyieun kaputusan jiga dina
artikel di handap ieu. Kuring ngarasa reueus upama
jiga kieu, gubernur jeung rengrenganana rela teu
narima gajih salila tilu bulan (contona) pikeun
ngabantuan korban bencana Jogja.
(mh)

=========
Gubernur, "Saya Setuju, Rp 10.000/Orang untuk Korban
Gempa"
Diusulkan Gaji PNS Dipotong

--
nandar
su.wikipedia.org

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke